Menang ti facebook 'sunda bogor' tah: Seren Taun Kampung Budaya Sindangbarang
Pikeun kadang baraya nu miboga lolongkrang waktu, masih mikareueus kana budaya jeung adat Sunda, hususna Sunda Bogor diantos kahadiranana di acara Serentaun Sindangbarang ping 18 dugi 23 Jan 2011. Serentaun ieu diayakeun ku masarakat adat Sindangbarang nu aya di Kp. Sindangbarang, Desa Pasir Eurih, Kec. Tamansari, Kab. Bogor. Salengkepna runtuyan acarana, nyaeta: Salasa, 18-1-2011 Pkl. 08.00 – 10.00 : ngembang, jiarah kubur ka karuhun lembur. Pkl. 19.00 : ngangkat. Rebo, 19-1-2011 Pkl. 07.00 – 12.00 : Sawer sundat, ngarak panganten sundat, jeung ngalage. Kemis, 20-1-2011 Pkl. 07.00 – 12.00 : Serbet kasep, sundatan masal. Jum’ah 21-1-2011 Pkl. 13.00 – 15.00 : Ngala cai kukulu. Pkl. 15.00 – 17.00 : Munday alias marak lauk. Saptu, 22-1-2011 Pkl. 07.00 – 08.00 : Sidekah kueh. Pkl. 08.00 – 10.00 : Helaran, ngarak pelen, nugel munding. Pkl. 10.00 – 12.00 : Hiburan seni Sunda. Pkl. 14.00 – 14.30 : Sidekah daging. Pkl. 19.00 – 22.00 : Hiburan seni Sunda. Ahad, 23-1-2011 Pkl. 07.00 – 09.00 : Helaran, pawey dongdang, rengkong, jeung padingdang. Pkl. 09.00 – 10.00 : Prosesi upacara seren taun, ngasupkeun pare ka leuit. Pkl. 10.00 – 11.00 : Parebut eusi dongdang. Pkl. 11.00 – 12.00 : Pintonan kasenian. Haturnuhun. -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
