Jadi lamun urang boga ngaran II SUMIRAT naptuna 30 di bagi 5 > sesa 0 (nol)
sarua wae jeung sesa 5 anu ninggang dina "pati" hartina balai' ieu kudu
ditambaan/ diruat make manuk japati, prakprakanna moal dipublikasikeun bisi
camal.
Anu sejena lamun ngaran urang naptuna di bagi 5 nyesa :
1 = Sri, perbawana "cukup pangan, cukup sandang"
2 = Lungguh, perbawana "boga kalungguhan"
3 = Dunya, perbawana "beunghar"
4 = Lara, perbawana "gangguan kasehatan" diruat make "rara" (jangan dicoba
sendiri tanpa bingbingan ahli)
5 = Pati, perbawana "madesu, mati langkah, balai'" kudu diruwat "nyoncot +
mencit japati" (jangan dicoba sendiri tanpa bingbingan ahli)
wassalam
----- Original Message -----
From: mh
To: [email protected]
Sent: Friday, January 21, 2011 2:49 PM
Subject: Naptu Hoki ==> Re: [kisunda] Kalender jeung Mijahkeun Bibit?
Tah ayeuna tabel keur noong HOKI
Hoki
Sri 1
Lungguh 2
Dunya 3
Lara 4
Pati 5
Cing Kang Gun, Kang Ilen, Kang Engkus, Teh Mia, pangmedarkeun, naon
karakteristik tiap kecap di luhur teh?
2011/1/20 Gunawan Yusuf <[email protected]>
II SUMIRAT
I I SA MA RA
1+1+8+16+4 = 30
Naptu dicandak dina dinten wedal Kang Ii Sumirat, misalna dinten Rebo
ninggang dina 7, dijumlahkeun 30 + 7 = 37, lajeng 37 keur ningali hoki dibagi 5
(sri, lungguh, dunia, lara, pati) sisa 2 berarti kang Ii Sumirat ninggang dina
lungguh, pami bade ningali rizki dibagi 6 dumasar (gunung, urug, sagara,
garing, pancuran,emas) sisa 1 berarti ninggang dina gunung (anu alusma pancuran
atawa emas).
Keur nangtoskeun poe alus misalna keur hajat
1. pastikeun lain dina bulan larangan, misal bulan sawal nepi haji
larangan poe jumah
2. tgl hajat (dina itungan kalender hijirah) misal-na tgl 14 mulud
(rabiul awal)
3. tgl 14 mulud eta ninggang dina poe minggu, naptu-na 5
jadi tgl hajat (hijirah) + naptu + ngaran = x
x dibagi 5 (sri, lungguh....) sisa sabaraha
itungan ieu bisa keur pindah imah, usaha, ngabangun imah/bangunan,
ngubaran atawa keur niat goreng maling, rampog oge bisa, ngan anu ngaran jalama
pasti aya poe apesna