*Juru tilu*
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas

*Juru tilu* atawa *sisi tilu* nyaéta ngaran hiji bangun anu dijieun ku tilu
sisi anu mangrupa gurat lempeng sarta tilu juru
(sudut<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sudut&action=edit&redlink=1>).
Ahli matematika
Euclid<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Euclid&action=edit&redlink=1>anu
hirup kira taun 300
SM <http://su.wikipedia.org/wiki/300_SM> manggihan yén jumlah tilu juru
(sudut) dina hiji juru tilu nyaéta 180 darajat. Hal ieu ngajadikeun urang
bisa ngitung lega salah sahiji juru lamun dua juru séjénna geus dipikanyaho.
Papasingan juru tilu

Nurutkeun panjang sisina:

   - *Juru tilu sarua sisi* nyaéta juru tilu anu tilu sisina sarua panjang.
   Balukarna kabéh juruna ogé sarua legana, nyaéta 60o.
   - *Juru tilu sarua suku* nyaéta juru tilu anu dua tina tilu sisina sarua
   panjang. Juru tilu ieu ngabogaan dua juru anu sarua lega.
   - *Juru tilu* nyaéta juru tilu anu tilu sisina béda panjangna. Lega kabéh
   juruna ogé béda.

[image: Juru tilu sarua
sisi]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Triangle.Equilateral.svg>
[image:
Juru tilu sarua
suku]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Triangle.Isosceles.svg>
[image:
Juru tilu sambarang]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Triangle.Scalene.svg>

Juru tilu sarua sisi Juru tilu sarua suku Juru tilu sambarang

Nurutkeun juru panglegana:

   - *Juru tilu nyiku* nyaéta juru tilu anu lega juru panglegana sarua jeung
   90o. Sisi nu di hareupeun juru 90o disebut *hipoténusa* atawa sisi
   doyong.
   - *Juru tilu léncop* nyaéta juru tilu anu lega juru panglegana < 90o
   - *Juru tilu mintul* nyaéta juru tilu anu lega juru panglegana > 90o

[image: Juru tilu
nyiku]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Triangle.Right.svg> [image:
Juru tilu mintul]
<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Triangle.Obtuse.svg> [image:
Juru tilu léncop] <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Triangle.Acute.svg>

Juru tilu nyiku Juru tilu mintul Juru tilu léncop
Bunderan dina juru tilu jeung bunderan dina luar juru tilu

Hiji bunderan anu aya dina jero juru tilu sarta nyigeung tilu sisi juru tilu
kasebut disebut *bunderan dina juru tilu*. *Jari-jari* bunderan dina juru
tilu bisa ditéang maké rumus:
[image: r = \frac{L}{s}\,] di mana *r* nyaéta *jari-jari* bunderan dina juru
tilu, *L* nyaéta lega juru tilu sarta *s* nyaéta satengah ubeng juru tilu.

Hiji bunderan anu aya di luareun juru tilu sarta ubeng bunderan kasebut
nyigeung tilu juruna disebut *bunderan luar juru tilu*. *Jari-jari* bunderan
luar juru tilu bisa ditéang maké rumus:
[image: R = \frac{a.b.c}{4.L}\,] di mana *R* nyaéta *jari-jari* bunderan
luar juru tilu; *a*, *b* sarta *c* nyaéta tilu sisi juru tilu sarta
*L*nyaéta lega juru tilu. Néangan
lega sarta ubeng juru tilu

   - [image: Luas = \frac{alas.tinggi}{2}\,]
   - [image: Ubeng = sisi1 + sisi2 + sisi3\,]

*Téorema Heron*
------------------------------

Téorema Heron biasana dipaké pikeun néangan lega hiji juru tilu sambarang.
a, b sarta c masing-masing nyaéta tilu sisi juru tilu.

   - [image: s = \frac{1}{2} ubeng = \frac{a+b+c}{2}\,]
   - [image: Luas = \sqrt{s(s-a)(s-b)(s-c)}\,]

*Juru tilu sarua sisi*
------------------------------

Pikeun néangan lega sarta ubeng juru tilu sarua sisi anu boga sisi a bisa
dipaké rumus:

   - [image: Lega = \frac{a^2}{4} \sqrt{3}\,]
   - [image: Ubeng = 3.a\,]

Dalil Pitagoras
 <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Rtriangle.svg>
 <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Rtriangle.svg>
Juru tilu nyiku

*Dalil 
Pitagoras<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dalil_Pitagoras&action=edit&redlink=1>
* ngan lumaku pikeun juru tilu nyiku.
Pitagoras<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Pitagoras&action=edit&redlink=1>nganyatakeun
yén: [image:
c^2 = a^2 + b^2\,]

Lamun aya tilu bilangan a, b jeung c anu nyumponan rumus di luhur, mangka
tilu bilangan kasebut disebut *Triple Pythagoras*. *Triple
Pythagoras*kasebut bisa diwangun ngagunakeun rumus kasebut kalawan
ngasupkeun hiji
harga n dimana n nyaéta bilangan buleud positif.
Tempo ogé

   - 
Trigonométri<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Trigonom%C3%A9tri&action=edit&redlink=1>
   - Hukum 
sinus<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hukum_sinus&action=edit&redlink=1>
   - Hukum 
kosinus<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hukum_kosinus&action=edit&redlink=1>


   [sumputkeun]
t 
<http://su.wikipedia.org/wiki/Citakan:Bangun>·s<http://su.wikipedia.org/wiki/Obrolan_citakan:Bangun>
·é <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Citakan:Bangun&action=edit>
 Bangun élmu ukur <http://su.wikipedia.org/wiki/%C3%89lmu_ukur>
 Unsur-unsur élmu ukur
Titik<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Titik_%28%C3%A9lmu_ukur%29&action=edit&redlink=1>
 · 
Garis<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Garis_%28%C3%A9lmu_ukur%29&action=edit&redlink=1>
 · 
Rusuk<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Rusuk_%28%C3%A9lmu_ukur%29&action=edit&redlink=1>
 · 
Sisi<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sisi_%28%C3%A9lmu_ukur%29&action=edit&redlink=1>
 · 
Widang<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Widang_%28%C3%A9lmu_ukur%29&action=edit&redlink=1>
 · 
Rohang<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Rohang_%28g%C3%A9om%C3%A9tri%29&action=edit&redlink=1>

 Bangun 2 diménsi
Beulahan kupat <http://su.wikipedia.org/wiki/Beulahan_kupat> · Pasagi
doyong<http://su.wikipedia.org/wiki/Pasagi_doyong>
 · Langlayangan<http://su.wikipedia.org/wiki/Langlayangan_%28%C3%A9lmu_ukur%29>
 · Bunderan <http://su.wikipedia.org/wiki/Bunderan_%28%C3%A9lmu_ukur%29>
· Pasagi
bener <http://su.wikipedia.org/wiki/Pasagi_bener> · Pasagi
burung<http://su.wikipedia.org/wiki/Pasagi_burung>
 · *Juru tilu* ·
Trapésium<http://su.wikipedia.org/wiki/Trap%C3%A9sium_%28%C3%A9lmu_ukur%29>

 Bangun 3 diménsi
Balok <http://su.wikipedia.org/wiki/Balok> ·
Buleudan<http://su.wikipedia.org/wiki/Buleudan>
 · Congcot <http://su.wikipedia.org/wiki/Congcot> ·
Kubes<http://su.wikipedia.org/wiki/Kubes>
 · Limas <http://su.wikipedia.org/wiki/Limas> ·
Prisma<http://su.wikipedia.org/wiki/Prisma_%28g%C3%A9om%C3%A9tri%29>
 · Silinder <http://su.wikipedia.org/wiki/Silinder_%28%C3%A9lmu_ukur%29>

 Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Juru_tilu";

sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org


2011/1/25 mh

>   Tah ayeuna urang toong, asana loba istilah basa Sunda nu pakait jeung
> bentuk geometri mah, boh dimensi-2 atawa dimensi-3. Sugan we aya Bah Imun,
> saha nu nyaho aya istilah keur dimensi nu leuwih luhur.
>
> Bentuk primitif dimensi-2
>
> titik (cing sugan aya nu khas istilah sundana)
> garis
> juru-tilu, sisi-tilu
> pasagi, juru-opat
> buleud, bunder
>

Kirim email ke