Noong serelek Kang Ahsa, ari uing gehgeran, kalahka inget kana bedug.
Koleang ingetan teh ngacacang ka masjid di lembur. Mun waktu geus ngagayuh
ampir ka magrib, di masjid reang nu nadoman, salah sahijina kieu:
Tah sora bedug batur, tanda geus magrib
Geus nitah reureuh ulin, ngajak ka masjid,
Beulah kulon hibar layung, ngajak muji ka Yang Agung
Mun pareng uing mulang ka lembur, kiwari mah eta bedug jeung nadoman teh
geus jadi fosil, nu duka teuing dimana dikurebkeunana. Nu reang teh kiwari
mah, ngung-ngeng, sapeker paharus-harus.
Kiawi, ku ayana internet, utamana Youtube, kalan-kalan sok ngulayaban
neangan sora bedug, sugan aya nu pirajeunan ngarekam torolongna sora kohkol,
ditema ku sora bedug nu handaruan. Berekah teu acan manggih.
Eh, na jadi kateterusan. Duka nyambung, duka henteu jeung panalek Kang Ahsa.
Boa-boa nyambung, mun urang Islam, tapi resep kana bedug, mazhab anyar lain
nya. Moal kitu mazhab Islam bedug? hehehe.
2011/1/26 Ahsa <[email protected]>
>
>
>
> Salam, sampurasun....
>
> JIgana mah lain ngan hungkul na agama Islam, agama sejen ge boga madhab2.
> Kitu deui na widang lainna, pasti madhab2 teh aya. JIgana na budaya Sunda
> atanapi ageman Sunda ge aya madhab2 na.
> KUring sapuk jeung Kang MH, fastabikul khoirot kabeh madhab teh kuduna.
> Ngan arai na soal sumberna mah kudu di paluruh deui... naymbung henteu ka
> sumberna. Boa2 malimpang tur nyieun sumber sorangan nu teu luyu jeung galur
> nu jelas.
>
> cing bejaan kuring, naha aya madhab urang Sunda tur budaya sareng agemanna?
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, Dudi Herlianto
> <dudi.herlianto@...> wrote:
> >
> > mh... deuk ngajak sasab yeuh haha..... mun ditingali cara kitu mah atuh
> geus
> > pasti eleh :)
> >
> > 2011/1/26 mh <khs579@...>
> >
> > >
> > >
> > > Ku riabna mazhab, aya hadena sabenerna mah, ngarah tiap mazhab bisa
> > > bersaing kalawan sehat. Mun kaci dianalogikeun jeung provider operator
> > > telepon seluler, pan ku riabna operator, konsumen diuntungkeun, bisa
> meunang
> > > harga nu leuwih murah.
> > >
> > > Tah nu ku uing hayang katinggali mah, diantara sakabeh mazhab teh
> mazhab
> > > mana nu leuwih unggul, nu bisa leuwih ngahasilkeun umat nu leuwih hade.
> > >
> > > Kumaha ngukur hade henteuna? Gampang pake we ukuran nu katepi ku otak
> > > manusa. Mazhhab mana nu bisa ngahasilkeun umat nu unggul dina widang
> > > ekonomi, sains, teknologi jeung sajabana.
> > >
> > > 2011/1/25 mh <khs579@...>
> > >
> > >> lamun geus ngabahas kayakinan, sok rame wae nya. hehehe.
> > >> ari ceuk uing mah, aya hadena kabeh mazhab teh diulik, ngarah katoong
> bule
> > >> hideungna.
> > >> perkara mazhab nu mana nu rek dipilih, gumantung karesep, kereteg
> urang
> > >> sorangan.
> > >>
> > >>
> > >>
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-q
> > paciringan.wordpress.com
> > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> >
>
>