Halah, loba geuningan Urang Sunda anu ilmuwan teh. he..he..he..
mangga...mangga...mangga... wilujeng tepang.
Ngan ti ayeuna kuring rek ngabejaan, ulah kaget lamun engke manggihan
jalma songong, ngomong asal ngong. Kasar garihal teu make undak usuk.
Teu tata teu titi hanteu ati-ati.
sok lah ketrukeun pangaweruh bapa-bapa ilmuwan teh. kuring nyiapkeun
samping, dikandungkeun keur mulungan. he..he..he..
On 01/27/2011 08:55 AM, Oman Abdurahman wrote:
Haturan kg Ridwan, wilujeng aktif di milist kisunda, oge wilujeng
nambihan pasukan mazhab ilmuwan :). Batuk ti rengrengan dosen
Planologi? Aya sababaraha mitra si kuring anu ngawulang di Planologi
cap gajah teh, diantaran Djoko Santoso, PhD (sobat bAtur sakostan,
saangkatan deui TI GL), Dr. Wilmar Salim, oge srg Dr. (?) TB Furqon
tos sering email2an. Hatur salam wae KA aranjeunna.
Manar
Sent from my iPhone
Oman Abdurahman
On 26 Jan 2011, at 08:04, Ridwan Sutriadi <[email protected]
<mailto:[email protected]>> wrote:
Assalamu'alaikum abdi ge bade ngiringan nepangkeun sareng nusanesna.
Sim kuring Ridwan Sutriadi, ngawulang di Planologi (Perencanaan
Wilayah dan Kota) ITB, diangken kunu sami-sami ti Garut, Pak Cahyana,
kanggo ngiringan milis Kisunda. Abdimah bade ngaregepkeun wae
kumargi rumaos masih atah pangartos.
Wassalamu'alaikum wr. wb.
Ridwan Sutriadi
Gainesville, Florida.
--- On *Wed, 1/26/11, Yusep Rosmansyah /<[email protected]
<mailto:[email protected]>>/* wrote:
From: Yusep Rosmansyah <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Subject: [kisunda] Abdi oge sakantenan, nepangkeun...
To: [email protected] <mailto:[email protected]>
Date: Wednesday, January 26, 2011, 7:37 AM
Assalamu'alaikum, sampurasun palawargi sadaya,
Sim kuring Yusep Rosmansyah, damel janten guru di
Elektro/Informatika ITB, diangken ku pa Cahyana ngiring milis ieu.
Mugia tiasa kontribusi positif, mung semetawis ieu mah ngiring
ngupingkeun wae..
Wassalam,
Yusep