gorengna, sok bisi disebut goreng beungeut wungkul. padahal sacara lampah mah monyet leuwih mulya tinimbang manusa. monyet tara ngali tambang, tara nuaran tangkal ukur sangkan korsi di imah alus, tara nyiar dahar nu aneh sangkan disebut eksotis (atawa modern, bergengsi), tara nyieun runtah plastik (oge steropom), teu hilap monyet mah tara ribut hayang naek gajih....
alusna, mun urang ngarasa sakaruhun jeung manehna, urang tangtu boga rasa duduluran nu leuwih paheut. nu ngaranna dulur deukeut, kuduna mah tara ngaruksak imahna, berehan, tara nyisikudi, mun ningali di lahan handapeun imahna numpuk harta suleman tara ieuh hawek diaku-aku. ku kituna, cek analisa kuring mah, ngarasa sakaruhun jeung monyet bakal leuwih loba alusna tinimbang gorengna.... sabalikna, mun ngarasa yen urang (manusa tea) teh ujug-ujug cle dijenengkeun, kitu ge ukur klaim urang (manusa), boa monyet mah teu ngaku--teu aho aho acan malah, jadi pamingpin dunya (halipah pil ared tea) bari teu kasebut iraha bakal pilengsereunna, jigana jadi pangawasa saumur hirup tah, bakal rea kagorengan nu dipilampah ku manusa ka ieu alam tempat titincakan hirup manehna oge ulah poho mangkeluk sejenna. pan cek urang kulon mah, *power tends to corrupt*. kabuktian di waktu nuanyar ieu kumaha lampah suharto, ben ali, oge husni mubarak. teu hilap, toongan ge tiasa ditingali ku kalakuan rarancang kebon sawit sajuta hektar, pangkaplingan lahan-lahan konservasi keur tambang, bantargebang, cipeundeuy, leuwigajah, sernobil, nagasaki-hiroshima, hitler, amerika serikat, indonesia, china, agama, kapitalisme.... jadi, jigana urang kudu geuwat-geuwat ngajak nyieun referendum babarengan jeung monyet (oge nu lianna kaasup tongo walangtaga) naha kapamingpinan manusa teh bisa diteruskeun atawa kudu dipungkas sagancang-gancangna!!! -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
