Palaur aya hubungan lahir (fisik) batin antara wewengkon ulayat Baduy/Kanekes jeung dapur magma Krakatau. Carita model kieu teh lain wae sacara foklor atawa kayakinan tradisi, tapi ceuk geologi oge apan urat-urat jero taneuh teh pasarambung. Malah ceuk teori-teori anu anyar, hubungan antara atmosfer (angkasa) jeung taneuh (bumi) oga satemenna mah raket dina harti silih pangaruhan anu mere akibat signifikan.
Dina foklor atawa dongeng2 tradisi, posisi logam emas penting dina kaajegan alam. Carita rakyat ngeunaan sasakala (ngaran) Gunung Tampomas anu baheulana mindeng bitu laju eureun atawa reureuh sanggeus hiji raja - dumasar pituduh anu katarima ku anjeunna ngaliwatan wangsit - ngalungkeun emas kajero kawah Tampomas. Pon kitu deui carita rakyat ngeunaan Gn. Marapi anu katarima si kuring. Gn Marapi di wates Yogya-Jateng ceuk cenah aktif deui bitu sanggeus aya anu nambang atawa nyokot emas ti bumina (ti jero taneuh wewengkon Merapi), kaasup sabab musabab bituna Marapi anu kawilang badag kamari ieu, ceuk sabagean beja ti dunia metafisik mah pakait jeung aya logam emas anu dicokot ti eta wewengkon (tong dipercaya teuing "dongeng" ieu mah da puguh hese meunangkeun buktina). Mataholangna, logam emas teh penting jeung dina ngusahakeunana (nambangna) bener2 keur kudu keur kapentingan masyarakat atawa jelema rea. Logam emas geus ti jaman beh ditu pisan, tina sajarah Islam wae (sebut wae dimimitian ti abad 6 M) logam emas geus dijadikeun salaku alat tuker dina perdagangan anu dipercaya ku jelema rea (anu laku dina perdagangan). Teu kitu kumaha, apan ari logam emas teh hiji barang tambang anu umum dijadikeun jaminan atawa kolateral dina nyitak duit. Lain ari sakabeh duit di ieu dunya dikaitkeun kana dolar salaku jaminan (dicitak kalawan jaminan dolar), sedengkeun ari dolar eta dicitak kalawan jaminan/kolateral logam emas tea. Ieu fakta dina hal perduitan teh mekar sanggeus kajadian resesi dunia di taun 1935-an anu kawentar salaku kajadi H)an malaise. Jadi, sabenerna, hiji nagara anu ngabogaan rajakaya alam mangrupa emas, komo lamun loba mah, eta potensi gede pikeun ngatur ekonomi dunya. Pon kitu deui, loba jelema/bangsa/nagara anu neangan emas pikeun ngawasa pangupa jiwa (perekonomian) di dieu dunya. Rada sarimbag jeung posisi emas, taya lian ti posisi minyak bumi salaku sumber energi anu jadi tanggeuhan jelema sadunya danget ieu (kalah kumaha oge energi baru terbarukan nepi ka ayeuna sacara praktis can bisa nandingan posisi minyak bumi). Naon pakaitna dongeng atawa carita emas sarta minyakbumi jeung wewengkon Baduy? Ceuk geologi, tempat2 anu ngandung emas di Indonesia kalawan geus kabuktian bisa ditambang sacara ekonomis teu loba. Anu badag kacida nya di komplek pagunungan Jawawijaya di sabudeureun Tembagapura anu ayeuna keur ditambang ku Freeport. Saterusna, kungsi kapanggih jeung ditambang di deukeut Manado (pt Newmont), oge di Batuhijau, NTB (pt Newmont), anu ayeuna geus kari bugangna di Cikotok, Banten; jeung anu masih ditambang ku PT Aneka Tambang (ANTAM, hiji BUMN) di Pongkor (sumber utama bisnis emas PT ANTAM) jeung di Cibaliung anu karek dibuka. Ngan sakitu daerah penghasil emas di Indonesia anu kawilang penting teh. Memang, kungsi aya sababaraha tempat sejenna di Kalimantan, Sumatera, jeung lianna. Tapi ayeuna geus eureun atawa geus teu ngahasilkeun deui emas sacara ekonomis atawa geus teu pati penting dina konstelasi ekonomi emas. Khusus ngeunaan daerah tambang emas di Pongkor, eta luar biasa. Penemuan daerah tambang emas Pongkor ngarupakeun asli karya para geolog jeung ahli pertambangan Indonesia. Sabab, ku (teori ti/titinggal) bangsa Walanda mah eta wewengkon (anu ceuk geologi mah disebut kawasan gunungapi muda di Jawa) teh geus divonis moal atawa teu ngandung emas. Tapi, sanggeus ditalungtik kalayan aplikasi teori/konsep anyar ngeunaan kajadian emas di alam di akhir taun 80-an (kabeneran salah saurang anu manggihan kandungan emas penting sacara ekonomi di Pongkor teh babaturan kuliah pisan), tetela geuning ngandung emas anu kawilang badad, malah jadi andelan bisnis emas PT ANTAM ayeuna. Ngeunaan ANTAM, Pongkor jeung emas saterusna bisa ditengetan di alamat ieu: http://www.antam.com/index.php?option=com_content&task=view&id=19&Itemid=148 Masih padeukeut jeung Pongkor, jeung sacara geologi nyambung, PT ANTAM oge geus manggihan emas - malah geus mimiti diusahakeun - di wewengkon Cibaliung (aos di dieu: http://antam.com/index.php?option=com_content&task=view&id=373&Itemid=144&lang=en). Eta wewengkon teh masih kaasup wilayah Banten, oge henteu jauh ti wewengkon Kanekes atawa Baduy. Bukti2 geologi oge manggihan emas di wewenngkon Banten malah tembus ka wetanna nepi ka daerah Sukabumi-Bogor (Gn Halimun). Atuh ka kulonna, nya kamana deui, iwal ti ka wewengkon Baduy. Ngabejaan wae, sacara geologi, kuat pisan boh teorina atawa konsepna jeung bukti2 awalna yen di daerah Baduy teh eta daerah emas. Ngan....mangka ati-ati. Lamun emas ti daerah eta oge sabenerna mah ti bagean mana wae di ieu bumi, diusahakeun pikeun makmak-mekmek sorangan atawa sagolongan jelema, mangka moal jamuga. Tinimbang mawa barokah, malah baris ngajadikeun tunggara atawa kasangsaraan di akhirna, kaasup diantarana, bencana alam tea alatan kasaimbangan alam kaganggu. Rada paur, lamun bumi Banten (oga ayeuna geus mimiti bumi Baduy) dirogahala kalawan teu ngaliwatan nagara (anu asumsina, pausahaan nagara sahenteuna leuwih nyoko keur kapentingan rahayat loba), baris ngabalukarkeun bencana alam anu corongna aya di Gn. Krakatau. Na'udzubilahi min dzaalik - alias bararaid teuing. Cag. tabe pun, manar 2011/1/28 <[email protected]> > > > Hehe.. > Numatak mang Ndud, sato wae teu kitu2 teuing, > > ampun sato uing nyambat2 maraneh geuning aya salah sahiji dunungan maneh > yeuh ngagugat uin. > (Keur ngabayangkeun rupa mang Ndud nu campuran monyet-dinoserieus) > > > Ayeuna pun emang nuju muru kaditu sakantenan ngajemput mang Karisa (salah > sawios pupuhu di ditu) nu bade diangkir ka bandung, manawi pareng ngke wengi > kuring ngajugjug ti batawi ka bdg wengi ieu hoyong ngagali informasina, > manawi anjeuna uninga. > > Eta dikaplingan jang naon, mang Ndud saurna? > > > Tabe pun, > Pemuda Toloheor. > > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung > Teruuusss...! > ------------------------------ > > >
