Jaman kiwari mah biasana kalah leuwih loba ngondang sinismeu, nya? Tapi
tangtu eta mah pamilih pribadi. Teu beda jeung jalma nu sakolana luhur, aya
nu resep nuliskeun titelna, aya nu tara. Kuring ge basa rek kawin, kusabab
dina rarancang ondangan teu make titel (kieu-kieu oge sarjana, hahah...),
nepi ka ditanya ku indung-bapa. Kuring mere alesan yen model ondangan mah
sipatna pribadi, sanes kagiatan ilmiah atawa naon2 anu perlu negeskeun
titel. kolot uing nanya oge lain dumeh hayang make titel, tapi pedah bae
nempo batur mah osok marake. gelar ge sarua jeung marga atawa family name,
bisa mawa hade oge sabalikna. model kamari dina kasus mapia pajeg, burudul
teh nu kabaud ngaranna tambunan, hutagalung, sinaga, jsb. urang2 mah ukur
mesem...

sikandar
su.wikipedia.org

2011/2/2 Irpan Rispandi

>    Tah tah tah,
> lamun urang rumaos ras unggul luhung, kirang sae nun.
> kumargi sadaya jalmi, eusi patuangana sami, nyaeta Tai.
> sok sanaos raden sok sanaos teureuh. sami tai.
>

Kirim email ke