Nuhun Kang maman...janten jelas urang Islam mah moal bisa ngahiji nya??nepikeun iraha oge. TM
--- Pada Ming, 6/2/11, Maman <[email protected]> menulis: Dari: Maman <[email protected]> Judul: Re: [kisunda] JARKOM PERSIS Kepada: [email protected] Tanggal: Minggu, 6 Februari, 2011, 5:46 AM lamun disusud ka sajarah taun 1900- an (awal2 abad XX), aya istilah santri nyaeta jelema anu nyakola di pasantren, taat ngalaksanakeun rukun islam sholat, puasa, zakat, jeung naek haji lamun mampu. Eta anu disebut Islam, diluar ti eta kaasup kafir. Clifford Gertz, dina bukuna "The Religion of Java", ngabagi orang Islam di Pulo Jawa ka tilu golongan ; Santri, Abangan jeung Priyayi(menak di sunda). Abangan nyaeta jelema anu ngaku Islam tapi teu taat ngajalankeun rukun islam, masih osok ngalaksanakeun salametan, boh dina kalahiran, kematian, bersih desa jsste.. Pembagian santri jeung abangan, ceuk Alamsyah Ratu Perwiranagara bisa memecah belah umat islam. Kaum Abangan saling apriori jeung Kaum Santri, tungtung-tungtungna kaum Abangan nyieun organisasi anu katelah PERMAI (Persatuan Rakyat Marhaen Indonesia), Nurutkeun kelompok ieu, golongan Islam aya dua ; Islam Arab jeung Islam Murni(sejati?). Pada akhir abad IX, muncul gerakan kembali ka Al Qur'an jeun As-Sunnah ieu akibat ti munculna 'reformasi islam' di Kairo jeung di Mekah. Pergerakan di Indonesia muncunghul di Sumatera, nyaeta timbul pertentangan antawis kaum Paderi jeung Kaum Adat. Kaum Adat numutkeun Hamka, loba anu ibadahna campur jeung Bid'ah jeung Kurafat. Tokoh dina waktu harita nyaeta Muhammad Jamil Jambek, Abdullah Ahmad jeung Abdul Karim Amarullah.. Aranjeuna anu ngenalkeun faham Ibnu Taimiyyah, Ibdu Qoyyim, jeung Muhammad bin Abdul Wahhab. Pamikiran ieu aya anu nentang nyaeta ti Sayid Zaini Dahlan jeung Syekh Yusuf Nabani, khususon dina perkawis TAWASSUL. Waktu harita, loba oge urang Arab anu asup ka Indonesia, Ahmad Surkati datang ka Indonesia, teras ngadirikeun Al-Irsyad tahun 1913, . Urang Arab anu datang ka Indonesia aya anu golongan Sayyid, aya anu golongan non Sayyid. Ahmad Surkati anu ngaluarkeun pendapat yen teu aya halangan pikeun golongan sayyid kawin jeung non sayyid. (Gol. anu ngarasa turunan Nabi, Sayyid). Gerakan balik deui ka Alqur'an jeung As-Sunnah, dikembangkeun oge ku Ahmad Dahlan, anu ka Mekah tahun 1902, teras kenging pangaruh ajaran Salaf. Teras ngadirikeun Muhammadiyah. ================= Tah dugi ka ayeuna, tiasa dipelajari, anu kumaha anu parantos baralik ka Al-Qur'an jeung As Sunnah saha wae sareng ormas anu kumaha ? Mangga diaremutan, umpami pareng. he.he.he.. --- On Sun, 2/6/11, Akang Tajimalela <[email protected]> wrote: From: Akang Tajimalela <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] JARKOM PERSIS To: [email protected] Date: Sunday, February 6, 2011, 7:26 AM Nambihan... Maksadna mah urang ulah nepikeun ngiluan kana 72 golongan eta.Agama mah lain golongan jeung lain kelompok, salah sahiji maksudna urang sholat jeung haji kan eta. TM --- Pada Sab, 5/2/11, [email protected] <[email protected]> menulis: Dari: [email protected] <[email protected]> Judul: Re: [kisunda] JARKOM PERSIS Kepada: [email protected] Tanggal: Sabtu, 5 Februari, 2011, 3:02 PM Kang Jalal mah tos ti kapungkurna, 10 taun lngkung. Anjeuna nu ngadegkeun Paguron Muthahari di Bdg. Upami anjeuna mah mun ka batur mah langkung moderat, mung jamaah IJABI nu sapalih sok ka anjeuna.Ya bgitu deh... katinggal sapertos nu sanes2...nembongkeun eksklusifitasna. Duka kumaha nu raresep bebenderaan teh,tos puguh dipapagahan dina hadis anu... "Umat kami di ahir jaman baris ngajadi 72(aya versi lain mah 73-intina mah LOBA) , tapi nu salamet the NGAN HIJI." Peun... Tos jelas tungtungna teh yen nu salamet mah ngan hiji. Tapi teu nunjuk kana golongan2 nu loba eta. Jadi sanes tinu bergolongan golongan eta. Kecuali kategeskeun yen nu salamet teh "salah sahiji golongan". Mung naon HIJI nu dipimaksadna teh, mangga urang sami2 lenyepaneun, susudeun, pilarian... Nu tos mendak bagikeun pamendakna ka baraya sadaya yang ada. Pemuda Toloheor.Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!From: Maman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 5 Feb 2011 06:46:39 -0800 (PST)To: <[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] JARKOM PERSIS Nu motekar ayeuna : Kang Jalalludin Rahmat urang Sunda, leuwih condong ka Syiah Mohammad Hasan (kuncen ki Sunda) , rada condong ka Persis. Mana nu leuwih nyunda ? Kang Ilen Kardani. ha.ha.ha.. --- On Sat, 2/5/11, mh <[email protected]> wrote: From: mh <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] JARKOM PERSIS To: [email protected] Date: Saturday, February 5, 2011, 9:38 PM Mana nu leuwih Nyunda, antara Persis jeung Syiah. Asana duanana puseur kagiatanana aya di Tatar Sunda 2011/2/5 Maman <[email protected]> Muhammad Ziaulhaq mah geuningan PERSIS Mohammad Zen mah geuningan SYIAH ngarana mun disingkat sarua MZ Upami ditingali sareng ditelusur tina sajarah, boh PERSIS boh Muhammadiyah, sami kapungkur acuan politikna ka Abudullah(?) Wahab tokoh pembaharuan di Saudi Arabia. Persis mangrupakeun ormas anu ngalahirkeun PKS Muhammadiyah ormas anu deukeut ka PAN (pedah Ketua na urang Muhammadiyah). Kasimpulan nana : PERSIS SYIAH PKS PAN mangrupakeun kagiatan sosial politik. Soal kagiatan agama mah urusan sewang-sewangan. Sanes kitu ? abdi oge MZ (Maman Zakep !) --- On Fri, 1/14/11, Muhammad Ziaulhaq <[email protected]> wrote:
