ngiring mairan, nilik katerangan ti Kang Oman ngeunaan tangkal godobos, sigana wae dina bhs nasional mah dikenal salaku tangkal tempuyung. Tempuyung ieu (sigana tina bs Jawa), ceuk katerangan, henteu wae bisa ngancurkeun batu di saluran cikiih tapi oge bisa ngancurkeun batu ginjal. Mangga we paluruh ngeunaan tempuyung di mang gugel....
--- On Sat, 2/12/11, mh <khs...@gmail.com> wrote: From: mh <khs...@gmail.com> Subject: Re: [kisunda] Panyakit Batu Karang? To: kisunda@yahoogroups.com Date: Saturday, February 12, 2011, 2:25 PM KO nuhun infona. Leres jigana panyakit batu karang teh kencing batu tea. Efekna nyeri disabuderun cangkeng nepi ka kandungan kencing. Terus-terusan rasa sawer-wereun tapi ngan saencret-saencret. Hehehe. Kutan ku godogan daun godobos. Keun urang wartoskeun ka jinisna. -mh- 2011/2/12 oman abdurahman <omana...@gmail.com> Mh, Hampura yeuh si kuring lain dokter, langsung milu mairan. Lain, ari panyakit batu karang teh anu disebut "kencing batu" tea kitu? Lamun enya panyakit eta, tangtu katerangan ngeunaan sabab musabab panyakitna jeung pangobatanana sacara kadokteran eta kang Sam ahlina. Ieu mah seja ilubiung (sharing) pangonbatan sacara alternatif wae make herbal. Kungsi dibejaan ku salah saurang staf di kantor, cenah pamajikan manehna cageur tina panyakit kencing batu sanggeus ngaleueut godokan daun Godobos. Naon nya basa ilmiahna atawa istilah anu leuwih dipikawanoh ku umum ngeunaan tangkal Godobos? Anu jelas ieu tangkal godobos teh hiji tutuwuhan anu jadi ku sorangan (tara aya anu pirajeunan melak) jeung hirupna atawa jadina dina sabangsa tembok atawa balay. Tayohna, dina akar tangkal atawa daun Godobos teh aya sarupa zat anu kacida rongkahna nepi ka tembok wae bisa tembus. Tah, sigana ieu zat anu fungsina ngahancurkeun batu anu ngahalangan dina saluran cikiih anu katarajang eta kasawat, lamun eta daun godobos digodog laju dileueut ku nu teu damangna. Sugan kitu oge, ngalap berkah kana ciptaanaNa, tutuwuhan, diantarana tangkal Godobos. Mangga, manawi aya manfaatna. Atuh ka dokter wae eta langkung sae. Baktosna, manar 2011/2/12 mh <khs...@gmail.com> Baraya, asana aya dokter, di ieu milis teh nya. Kang Sam asana mah. Aya baraya nu katarajang panyakit batu karang. Eta mun keur kambuh, da mani adug lajer teu daek cicing, bulak-balik ka toilet. Cing pangmedarkeun, naon panyakit batu karang teh, sareng kumaha nambaanana. -mh-