Cik Baraya, Manawi aya nu ngaluuhan kana Acara Napak Tilas Paguyuban Sunda ti Kalimantan Tengah.
Cik alungkeun ka milist, kumaha dongengna. Dina poe kamari sikuring kasumpingan sareng salahsawios pupuhuna nu kaleresan kapi Lanceuk kuring kg Komar wastana. Mung hanjakal anjeunna teu tiasa lami aya dibandungna margi aya kasab nu tos ngantos, tadi peuting tos angkat deui ka Kalteng. Mung ka agehan dongeng ti anjeunna saeutik nu matak jadi loba kapanasaran. Kasauran anjeunna dina eta acara diluuhan oge ku Kg Acil Bimbo, kg Dede Yusuf (Wagub) jeung loba nu teu bisa ku sikuring di sebatkeun saha-sahana teu karekam J. Tah manawi aya nu uninga kana eta Acara tur ngaluuhanna. Cikan alungkeun ka milist kumaha dongengna tur naon atuh eusining dina eta Acara. Margi nu kusikuring katampi dina dongeng Kg Komar sikuring ngagaduhan pangemut kumaha sangkan dina kapayunna Urang utamina nu aya di puseur kasundaan tiasa majeungkeun tur nurunkeun budaya kasundaan kahareupna ka turunan urang, nu kiwari loba diparaban ku basa nusantara (Indonesia) tur basa deungeun ku nu janten para sepuhna, lain sikuring rek ngagorengkeun kana basa Nusantara tur basa deungeun, tapi urang kudu mupusti titinggal karuhun urang, jeung kantos dibahas lin di milist rehna basa sunda salahsahiji budaya. Tur maenya rek dimajukeun kasundaan teh nu tos sarepuh wungkul cik atuh kirangbara aya ku barudak ngorana, sangkan leuwih ngarti kana budaya urang. Cag akh ti sikuring, manawi aya nu uninga mangga alungkeun dongengna tur laporanna eta acara teh……. Baktos. Sulkan, M MTI-Engineering. Dept, X-9394
