Jaman baheula anu nyakrawati ngabahu denda di nagara Tanjungwangi atanapi
Tunjungwangi nu kiwari nelah Lebakwangi, wawangina kamashur Embah
Panggungjayadikusumah, anu katelah ku seuweu-siwi Lebakwangi-Batukarut mah Embah
Dalem Andayasakti, kumargi makamna aya di Gunung Anday.
Ujaring carios, dina hiji waktos Embah Panggungjayadikusumah
disarengan ku 4 kapetengannana ngahaja ngaroris ka kampung-kampung. Barang dugi
ka hiji tempat, anjeuna ngaraos hemeng rehna ningali hunyudan taneuh anu matak
nyurigakeun mangrupi hunyur. Ku ngaraos panasaran, lajeng anjeuna marentah ka
Kapala kampung di eta tempat supados ngeprak kanggo ngali eta hunyudan taneuh
tea. Dilebet eta taneuh teh aya satumpuk barang anu parantos buni kabulen ku
taneuh.
Salajengnya eta barang
diberesihan anu lamina sanggem panyariosan kirang langkung 2 sasih. Saparantos
bersih eta barang teh mangrupi Gamelan tina bahan perunggu anu wincikannana : 2
Goong Ageung; Bonang, Rincik, Saron, Kecrek, bari sareng perkakas nu sanesna.
Saparantosna tetela yen
eta barang teh Gamelan tur masih beleger, akhirna dipiara dijantenkeun
tatabeuhan nu mandiri dina alam harita, tug dugi ka kiwari dipupusti ku
seuweu-siwi Lebakwangi-Batukarut, anu nelah Gamelan Embah Bandong.
Upami ditaliti, kecap bandong teh tiasa jadi basa sunda anu
asalna tina kecap bandung, anu aya perobahan sora tian u kana 0.
Seperosna bae :
kecap
bandung-ngabandung= ngarendeng
bandungan = dua
perahu anu direndengkeun (dihijikeun)
ngabandungan=ngadengekeung
nu maca ananapi cacarita
bale bandung =
bale nu ngarendeng, paranti ngadeuheus ka Bupati.
Gamelan Embah Bandong teh
barang poko na mangrupi 2 Goong ageung, salamina dina ditabeuh waktos manggung,
eta dua goong teh ngarendeng. Benten sareng gamelan umumna eiu mah dina
ngawitan ditabeuh teh Goong heula anu 2 tea, nembe dituturkeun ku Saron sareng
waditra nu sanesna.
Gamelan Embah Bandong, teu
tiasa ditabeuh sagawayah sepertos umumna gamelan biasa. Gamelan ieu mah mung
tiasa ditabeuh dina waktos-waktos :
a.
Anu
matuh ngabahas ditabuhan sataun sakali, dina unggal tanggal 12 Mulud.
b.
Upacara
anu ngandung sajarah kanagaraan, saupami diperyogikeun
c.
Upacara
salametan adat sepertos : Nikahkeun, Nyepitan, Naruat.
Numutkeun kasauran sepuh, Gamelan Embah Bandong kantos dianggo dina upacara
waktosna diistrenan para Bupati Bandung diantawisna :
1.
Bupati
Bandung I, Tumenggung Wira Angun Angun, di Karapyak(Dayeuhkolot) 20 April 1641
dugi ka 1681 M.
2.
Bupati
Bandung II, Tumenggung Ardikusumah, Ki Karapyak (Dayeuhkolot) taun 1681 dugi ka
1704 M.
3.
Bupati
Bandung III, Tumenggung Anggadiredja I,
di Karapyak(Dayeuhkolot) taun 1704 dugi ka taun 1747.
4.
Bupati
Bandung IV, Demang Natapadja, di Karapyak taun 1747 dugi ka taun 1763 M.
5.
Bupati
Bandung V, Rd. Anggadiredja III (R.AA. Wiranatakusumah I) di Karapyak
(Dayeuhkolot) taun 1763-1794 M.
6.
Bupati
Bandung VI, RAA Wiranatakusuma II, di Bandung taun 1794 dugi ka taun 1829 M
7.
Bupati
Bandung VII, RAA Wiranatakusuma III (Dalem Karang Anyar), di Bandung taun 1829
dugi ka taun 1846 M
8.
Bupati
Bandung VIII, RAA Wiranatakusuma IV (Dalem Bintang), di Bandung taun 1846 dugi
ka taun 1874 M
9.
Bupati
Bandung IX, RA Kusumadilaga (Dalem Marhum), di Bandung taun 1874 dugi ka taun
1893 M
10.
Bupati
Bandung X, RAA Martanegara, di Bandung
taun 1893 dugi ka taun 1918 M
11.
Bupati
Bandung XI, RHAA Wiranatakusuma V (Dalem Haji), di Bandung taun 1920 dugi ka
taun 1931 M
12.
Bupati
Bandung XII, R.T. Hasan Sumadipradja, di Bandung taun, 1931 dugi ka taun 1935
M.
13.
Bupati
Bandung XIII, RHAA Wiranatakusuma V, di Bandung taun 1935 dugi ka taun 1945 M
14.
Bupati
Bandung XIV, RTE Suriaputra, di Bandung
taun 1945 dugi ka taun 1947M
15.
Bupati
Bandung XV, RTM Wiranatakusuma VI (Aom Male) , di Bandung taun 1948 dugi ka
taun 1957 M
Lagu-lagu anu
dipidangkeun jejerna aya 17 lagu : 1. Sodor; 2. Seserengan;
3. Gongong; 4.
Gonjing Patala; 5 Asmarandana; 6. Pangkur; 7 Maleber; 8. Pucung Lingkup; 9
Boyong; 10. Gulampit; 11. Magatru; 12. Papandanan; 13 Bujang anom; 14
Angin-angin; 15. Bango; 16. Gelatik Nunut; 17 Joher.
===
Kenging nyutat ti
buku : “Nyukcruk Galur Mapay Raratan Riwayat Lebakwangi-Batukarut”, Drs. H.A.
Danya. 1993
Sanes inpo ti Jin.
USEP USMAN NASRULLOH/"PRLM"RATUSAN
warga dari Desa Lebakwangi dan Desa Batukarut makan bersama saat
memperingati Maulid Nabi Muhammad SAW di Kompleks Bumi Adat Alit
(Kabuyutan) di Desa Batukarut, Kecamatan Arjasari, Kabupaten Bandung,
Selasa (15/2). Warga memperingati Maulid Nabi Muhammad SAW dengan
bersilaturahmi, mengikuti pengajian, dan makan bersama.*