Sahenteuna, aya beda kecap dasar antara di (basa Sunda) Priangan jeung (basa Sunda) Pandeglang atawa Banten. Maksudna basa Sunda Priangan nyaeta basa Sunda anu ilahar digunakeun di Jawa Barat (Tatar Sunda), khususna patenganan. Anapon basa SUnda Pandeglang nya basa Sunda wewengkon Banten tea.
Di Priangan: awewe, sedengkeun di Pandeglang/Banten: ewe. Tapi, di Priangan oge kalan-kalan digunakeun kecap "ewe" dina harti "awewe". Upamana wae: "ewe randa", maksudna: awewe anu kungsi kawin tapi ayeuna keur lalajangan. Tah, ayeuna nincak kana kecap "ngewe" (hampura lain jorang atawa porno, ieu mah ukur keur kaperluan guaran anu netral wae, soal basa) di Priangan anu minangka kecap loma atawa condong kasar tina kecap sapetemon, jima, atawa dina basa Indonesia-na mah: "berhubungan badan" tea. Timana eta kecap asal muasalna? SIgana wae lamun diudag tina kecap dasarna, "awewe" tea, eta kecap teh tina rarangken "nga" jeung "awewe". Conto sejenna: nga + hiji --> ngahiji, nga + baju (kabiasaan)--> ngabaju (biasa), nga + rangkep --> ngarangkep, jst. Mun teu salah, di Padeglang / Banten, ngewekeun (tina nga + ewe/awewe + keun) hartina = ngawinkeun (lain kitu kang Tubagus?). Jadi, lamun teu ngagunakeun perasaan mah kecap "ngewe" teh sarua wae jeung kecap "kawin". Pakait jeung "awewe" ieu aya ke "rabi" (contona: laki rabi anu hartina rumah tangga atawa suami isteri). "Rarabi" dina basa Sunda hartina boga pamajikan, lain? Naha kecap "rabi" di dieu hartina sarua jeung "awewe" oge? Leuwih pasna: "isteri" atawa "bojo"? Cag. manar 2011/2/19 Akang Tajimalela <[email protected]> > > > Kepala dinasna urang sumedang nuju inspekpsi ka kelurahan2 dirangkas... > > > "Pak lurah titadi simkuring didieu teu ningali pamajikan bapak, kamana?" > > "Tos tilu dinten di ewe pak camat" > > "Euleuh eta camat...." > > "Isukan pak camat rek hajat..." > > > TM > > --- Pada *Jum, 18/2/11, Tubagus Rifki L <[email protected]>* menulis: > > > Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]> > Judul: [kisunda] Di ewe Lurah > Kepada: [email protected] > Tanggal: Jumat, 18 Februari, 2011, 3:56 PM > > > > > Ieu aya carita folklor ti Banten, jang urang Sunda. > > Baheula aya hiji aki2 keur ngobrol jeung hiji jajaka. > Aki2 : ari ewe aing kamana budak.. > Pamuda : atu teu nyaho bah... > Aki2 : piraku dia teu nyaho lain titatadi ngajedog didieu.. > Pamuda : aih heueuh bah,ewe abah tadi nempo di ewe lurah.. > Aki2 : ooooh ...heueuh hade ari di ewe lurah mah... > > (Disadur dari status fb - Kamus Basaha Pandeglang Rangkasbitung, oleh Agus > Sallaby) > > Katuran, > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > TiRiLik > > > >
