Dunia mistik Banten.

Upami nu dimaksad mistik teh urusan ngado'a, muja, sesembahan ka nu Maha 
Kawasa, anu pakuat-pakait sareng akhlak urang sabage makeluk nu butuh ka 
Anjeuna, butuh saenyana unggal waktu, unggak kecap, unggal ambekan, moal aya 
wujud pangalaman urang ti brol lahir ka sagara dunya nepi ka engke tilelep 
dilegleg bumi, lamun hanteu pedah Pangersa Nu Maha Keresa, maka eta akhlak teh 
nu disebat 'mistik' nu kula boga pangarti, sarua bae jeung nu di mana-mana.

Teu aya mistik 'made in Banten.' Seuseurna ngimpor ti Wetan Tengah. Nu 
diajarkeun ukur ngado'a, menta, sieun, ngarep kana Wenangna, nyalindung ti na 
Murkana, ngajalankeun sagala parentahna, ngajauh tina sagala laranganana.

Sagala urusan dongkap ti Anjeuna jeung balik ka Anjeuna. Pangasih Anjeuna 
miheulaan murkana. Ampunana miheulaan ancamanana. Hirup urang kabehan ku 
Anjeungan, ti Anjeuna, di na Anjeuna, jang Anjeuna.

Duka tah upami nu di maksad mistikna nu sanes...di antawis dedemit, jurig, 
setan jeung sabangsa jin, jeung sabangsa manusa. Duka kirang apal...aya 
panginten, kabeja pangingten, mung pribados kirang paos. Hampura.

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
TiRiLik

--- In [email protected], Aschev Schuraschev <aschevetea@...> wrote:
>
> Ah si akang mah, kuring mah urang Bandung nu kiwari dumuk di Depok. Paling 
> kidulna ka Banten teh ngan ka Rangkas Bitung hungkul ngalongok anak bibi. Eta 
> ge taun 1996. Ka Banten Kaler paling ngan ka Merak sakali, Anyer sakali, 
> Pante Carita sakali, jeung serang sakali jang urusan gawe. Hampura kang, 
> kuring teu apal kana hal mistis mah boh di Banten atawa di mana wae. Sugan 
> kang Tubagus Rifki apaleun sarta bisa ngadongeng. Mangga atuh kang Tubagus!
> 
> 
> --- On Sat, 2/19/11, halimun_an@... <halimun_an@...> wrote:
> 
> From: halimun_an@... <halimun_an@...>
> Subject: Re: [kisunda] Basa Sunda - Ayah
> To: [email protected]
> Date: Saturday, February 19, 2011, 6:30 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Kang asep, kuring kungsi opat taunan di banten, basa milu ngawangun jalan tol 
> jakarta merak. Salila kuring gwae meulah gunung jeung ngeruk rawa tengah 
> leuweung, loba kajadian nu teu kaharti ku kuring, contona aya tangkal nu di 
> tuar ku bulldozer kalah blade na beulah, aya nu sukuna panjang ajleng2an na 
> alat berat, alat2 berat sering harurung sorangan peuting, malah aya nu maju 
> mundur. Loba barudak sapantar budak sd lulumpatan ngarubung kana lampu alat 
> berat tengah leuweung, eta sakabeh lain dongeng, katempo ku panon sorangan, 
> jeung sakabeh pagawe. Cik kang dongenkeun lah carita mistis banten, kuring 
> resep, asa waas waktu gawe diditu. NuhunPowered by Telkomsel 
> BlackBerry®From:  Aschev Schuraschev <aschevetea@...>
> Sender:  [email protected]
> Date: Sat, 19 Feb 2011 19:13:10 +0800 (SGT)To: 
> <[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
> Subject: [kisunda] Basa Sunda - Ayah
> 
>  
> 
> 
> 
>     
>       
>       
>       iwari sesebutan pikeun kolot lalaki di Priangan 
> biasana bapa atawa ama (tina rama) atawa abah. Tapi lamun di Kanekes 
> mah sesebutan pikeun kolot lalaki teh ayah.
> Kumaha ari sesebutan kolot lalaki dina naskah Sunda Kuno? Ngarujuk kana 
> naskah Sunda Kuno "Ramayana", sesebutan
>  pikeun kolot lalaki teh gening ayah, sarua jeung sesebutan nu ilahar di 
> Kanekes.
> Ieu potongan naskah kasebut anu nyabit-nyabit kecap ayah:
> Tunda heula parah dinyamangke pupulihkeun deuwiTucap Prebu Manabaya:deungeun 
> patih sang Sombalisa/buat inya di baturMandala SipasikulanSaur Prebu 
> Manabaya:Aki patih sang Sombali,eungeun pajar carek kitaawaking diboga 
> ambuawaking
>  diboga ayahambuing sang Manondariayahing Ratu Rawana 
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke