Hehehe. Teu puguh ah Kang Enjebe mah. Tadi natanyakeun kunaon postingan teu dimoderasi, ari ayeuna menta postingan tong dimoderasi. Teu aya postingan nu domoderasi, kajaba balad anyar, da otomatis ti yahoogroupna. Alesan teu dimoderasi, kahiji kuncen ripuh, cape, sangeuk kudu muka email hiji-hiji. Kaduana diskusi nu daria teh teu gampang, leuheung mun daraek narulis postingan mah, najan ditilik tina sisi atikan mah, mayoritas memeber Ki Sunda teh jalma terdidik, tapi lolobana mah ukur naroong hungkul. Jadi tinimbang nungguan nu daria jiga nungguan godot teu embol-embol, nya nu aya we teruskeun. Paling henteu, udagan minimal ieu milis, keur ngabiasakeun nyarita, ngobrol, pasea jeung sajabana make basa Sunda. Perkara mindeng aya postingan nu rada gelo, keun we da geus aya lawanna. Mudah-mudahan lila-lila mah areling sorangan. Moderasi karek dipake mun geus reang nu protes ti member sejen.
2011/2/21 <[email protected]> > > > Ah mangga wae, kuring mah nyenghel we ninggali jiga kieu tehh. Sugan tehh > bener aya eusian. Da aya paraipaos "tong kosong nyaring bunyinya" kade ah > tong dimoderasi wae/sensor jiga zaman orba wae. Ari nu sejen bisa bebas > nulis ari ari nuliana teu bisa. Enjebe singetan ngaran tina najib beureun > kolot mah sami srg kang tb tikulon pedah lahir dibandug. Da ari nu nyakola > mah babasaana moal jiga kitu, ngajenan kanusejen. Hampura lamun kami oge > pernah nyinggung ka nusejen > > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar > teyusss..... >
