Baraya,

Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus rek tepung deui
jeung Poe Basa Indung,
teuing geus nu kasabaraha kalina. Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi
ritual rutin unggal taun, dimana para
inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak
berjamaah ngabewarakeun hal nu
eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna miara basa Indung, basa Sunda
tea. Sok sanajan ari geus liwat
bulanna mah, nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe,
cas-cis-cus Malayuan,
Inggrisan, atawa Aaraban.

Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu
lianna, taya salahna mun urang
miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu pating koceak, ngarah kaitung umat
Sunda, urang ngayakeun kagaiatan
mieleing poe basa indung, Poe Basa Sunda.

Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu kadada kaduga
ku urang we salaku warga jagat
maya. Da kagiatan nu aheng mah perlu waragad, nu can tangtu urang daraek
ngawaragadanana.

Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge
nu lianna WAJIB AIN pikeun
ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu
urang bisa. Mun aya nu teu
ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis
teh aya ratusna, aya rebuna,
mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan.

Tah kumaha baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga adurenyomkeun

Baktos
-mh-

Kirim email ke