Kataji ku ajakan Ki Dulur ka nu ngarasa Urang Sunda ka Baraya Sunda sangkan make basa Sunda sanajan ukur di jagat maya, sasieureun sabeunyeureun kuring rek milu ilubiung. Keun bae disebut lauk buruk milu mijah oge, ieu mah bakating ku bungah. Geuningan masih keneh aya nu malire basa Sunda teh. Puguh ge sakapeung mah sok ngarasa tugenah nyakseni dulur2 ti etnis sejen mun pareng nyarita ku basa indungna katingalna teh mani perceka pisan teu aga-eugeu bangun kagok, estuning ngaguluyur. Beda pisan jeung kalolobaanana dulur kuring mun pareng diajak nyarita ku basa Sunda teh memeh nanaon geus sanduk-sanduk pajarkeun teh punten basa Sunda abadi mah bilih lepat. ... malah tuluyna mah direumbeuy ku basa malayu atawa basa deungeun. Tapi teu ngarasa era najan malayuna teu pati bener komo basa deungeunna mah matak rawing ceuli da puguh loba teu merenahna. Sigana pikeun ngahudang kawani urang Sunda nyarita ku basa Sunda perlu dicontoan ku para inohong Sunda, anu sacara "psikologis" miceun rasa "minder". Der ah ... geura pairan pangajak ieu Ki Dulur teh. Cag.
From: Ki Hasan Sent: Tuesday, February 22, 2011 5:57 AM To: Ki Sunda ; Baraya Sunda ; Urang Sunda Subject: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? Baraya, Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus rek tepung deui jeung Poe Basa Indung, teuing geus nu kasabaraha kalina. Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi ritual rutin unggal taun, dimana para inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak berjamaah ngabewarakeun hal nu eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna miara basa Indung, basa Sunda tea. Sok sanajan ari geus liwat bulanna mah, nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe, cas-cis-cus Malayuan, Inggrisan, atawa Aaraban. Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu lianna, taya salahna mun urang miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu pating koceak, ngarah kaitung umat Sunda, urang ngayakeun kagaiatan mieleing poe basa indung, Poe Basa Sunda. Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu kadada kaduga ku urang we salaku warga jagat maya. Da kagiatan nu aheng mah perlu waragad, nu can tangtu urang daraek ngawaragadanana. Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu lianna WAJIB AIN pikeun ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu urang bisa. Mun aya nu teu ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis teh aya ratusna, aya rebuna, mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. Tah kumaha baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga adurenyomkeun Baktos -mh-
