>>Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge 
>>nu 
>>lianna WAJIB AIN pikeun 
ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu 
urang bisa. Mun aya nu teu 
ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis teh 
aya ratusna, aya rebuna,
mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. 

meni ngagebeg da pas maca paragraf eta... hihih...
untung weh abdi mah masih sok mosting sanajan oneliner ge

bahHasan, nu satuju teu burut, nu teu satuju burut
hahhaha....
 --> JeBe <--




________________________________
From: Ki Hasan <[email protected]>
To: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda 
<[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]>
Sent: Tue, February 22, 2011 5:57:19 AM
Subject: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda?

  
Baraya,

Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus rek tepung deui 
jeung Poe Basa Indung,
teuing geus nu kasabaraha kalina. Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi 
ritual 
rutin unggal taun, dimana para 

inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak berjamaah 
ngabewarakeun hal nu
eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna miara basa Indung, basa Sunda 
tea. Sok sanajan ari geus liwat 

bulanna mah, nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe, 
cas-cis-cus Malayuan,
Inggrisan, atawa Aaraban.

Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu 
lianna, taya salahna mun urang
miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu pating koceak, ngarah kaitung umat 
Sunda, urang ngayakeun kagaiatan
mieleing poe basa indung, Poe Basa Sunda. 

Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu kadada kaduga ku 
urang we salaku warga jagat 

maya. Da kagiatan nu aheng mah perlu waragad, nu can tangtu urang daraek 
ngawaragadanana.

Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu 
lianna WAJIB AIN pikeun 

ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu 
urang bisa. Mun aya nu teu 

ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis teh 
aya ratusna, aya rebuna,
mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. 

Tah kumaha baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga adurenyomkeun

Baktos
-mh-  

 


      

Kirim email ke