Tah, ieu nu sering kaalaman ku kuring, sigana kunu sejen ge sarua, yen urang 
sabanerna mah era ngomong sunda hareupeun batur, komo di kantor, di hotel mewah 
atawa tempat mewah lianna. Ngan ku araranehna teh, loba nu teu ngaku mun 
disebut era make basa sunda atawa era ngaku urang sunda.

Teu kudu jauh2 mikiran hayang urang sunda mingpin, miceun kaera make basa sunda 
we heula, miceun ka era jadi urang sunda we heula, bisa teu ? Maenya kudu 
dijieun burut ngarah daek ngaku jadi sunda ? Atawa bobogaana dipindahkeun kana 
tarang suaya jadi ciri eta urang sunda.

Kang, di dieu mah ari genggerong hareuras, kabatur teu ngahargaan, tapi dina 
ngalengkah nyata mah euweuhan, eta nu jadi alesan kajeun anggota milis loba ge 
teu ting pucunghul, sabab haroream, teu maju2, ukur ulukutek ngobrolkeun nu 
eta2 keneh.

Coba mun aya lengkah nyata mah, jigana ting arucunghul deui. Jeung eta piceunan 
heuras genggerong jeung heuras sirah teh, bisi di rurug ceuk kang ndud mah
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Adi Sundayana" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 22 Feb 2011 07:46:04 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda?

Kataji ku ajakan Ki Dulur ka nu ngarasa Urang Sunda ka Baraya Sunda sangkan 
make basa Sunda sanajan ukur di jagat maya, sasieureun sabeunyeureun kuring rek 
milu ilubiung. Keun bae disebut lauk buruk milu mijah oge, ieu mah bakating ku 
bungah. Geuningan masih keneh aya nu malire basa Sunda teh.
Puguh ge sakapeung mah sok ngarasa tugenah nyakseni dulur2 ti etnis sejen mun 
pareng nyarita ku basa indungna katingalna teh mani perceka pisan teu aga-eugeu 
bangun kagok, estuning ngaguluyur. Beda pisan jeung kalolobaanana dulur kuring 
mun pareng diajak nyarita ku basa Sunda teh memeh nanaon geus sanduk-sanduk 
pajarkeun teh punten basa Sunda abadi mah bilih lepat. ... malah tuluyna mah 
direumbeuy ku basa malayu atawa basa deungeun. Tapi teu ngarasa era najan 
malayuna teu pati bener komo basa deungeunna mah matak rawing ceuli da puguh 
loba teu merenahna.
Sigana pikeun ngahudang kawani urang Sunda nyarita ku basa Sunda perlu 
dicontoan ku para inohong Sunda, anu sacara "psikologis" miceun rasa "minder".
Der ah ... geura pairan pangajak ieu Ki Dulur teh.
Cag.


From: Ki Hasan 
Sent: Tuesday, February 22, 2011 5:57 AM
To: Ki Sunda ; Baraya Sunda ; Urang Sunda 
Subject: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda?


  
Baraya,

Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus rek tepung deui 
jeung Poe Basa Indung,
teuing geus nu kasabaraha kalina. Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi 
ritual rutin unggal taun, dimana para 
inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak berjamaah 
ngabewarakeun hal nu
eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna miara basa Indung, basa Sunda 
tea. Sok sanajan ari geus liwat 
bulanna mah, nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe, 
cas-cis-cus Malayuan,
Inggrisan, atawa Aaraban.

Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu 
lianna, taya salahna mun urang
miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu pating koceak, ngarah kaitung umat 
Sunda, urang ngayakeun kagaiatan
mieleing poe basa indung, Poe Basa Sunda. 

Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu kadada kaduga ku 
urang we salaku warga jagat 
maya. Da kagiatan nu aheng mah perlu waragad, nu can tangtu urang daraek 
ngawaragadanana.

Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu 
lianna WAJIB AIN pikeun 
ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu 
urang bisa. Mun aya nu teu 
ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis teh 
aya ratusna, aya rebuna,
mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. 

Tah kumaha baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga adurenyomkeun

Baktos
-mh-  



Kirim email ke