Mang hasan ana kitu nyaruakeun bah imun sareung tumbila, tapi sae tah analogi 
mang hasan. Ngan eta we da najan aya mangpaatna ari tumbila mah langka jelema 
nuresep ;p
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar teyusss.....

-----Original Message-----
From: [email protected]
Sender: [email protected]
Date: Mon, 21 Feb 2011 15:43:34 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: TUMBILA ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip

Enya bah, mun teu dicoco mah moal lilir, hayoh we sare kamalinaan, papuji2 
cumu'un cumu'un, jiga nu ngeunah kana hate padahal bisa jadi racun dina 
kahirupan.

Ngan aya we nu jejeretean jiga dipacok oray, geus puguh tumila. Tapi lamun 
tumila nempo nu lelejek logay alias loba gaya nya tumila menta bantuan tetep 
jeung tongo jang nyoco jelema logay
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 21 Feb 2011 23:34:30 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: TUMBILA ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip

Ngadongeng ah sakeudeung.

Baheula di lembur, ari imah teh panggung, dindingna tina bilik anyaman awi,
alasna palupuh bebekan awi. Ampir sabagean gede bahan imah teh tina awi, kai
ukur dipake keur bagean utama rangkay imah, jiga tihang jeung jalujur alas.
Ngeunah sabenerna mah imah panggung tina awi teh, mun beurang usum panas,
ngadapang na palupuh teh karasa adem, mun peuting usum tiris, hawa taneuh
kolong matak haneut.

Nu jadi mamala imah panggung teh salah sahijina masalah tumbila. Mun geus
reup peuting, ritual rutin memeh ngaguher kerek hees teh nyaeta "tumbila
hunting", moro tumbila ku lampu minyak tanah. Biasana tumbila nyayang dina
bilik dinding imah, palupuh, samak walini, atawa jero kasur. Cara morona,
bilik teh dideangan ku lampu minyak tanah nepika panas. Mun geus kapanasan,
tumbilana kalaluar sorangan tinggal mencetan, atuh bilik imah teh jadi jiga
batik, pinuh ku urut getih tumbila.

Tah mun uing keur anteng "hunting" tumbila, mun geus kamalinaan sok dihulag
ku nu jadi Indung. "Meunggeus jalu, tong hayoh wae moro tumbila, keun we
sesakeun keur PAPADANG ATI," kitu carekna teh. Kadang-kadang uing sok
mantangul, hayoh we nindesan tumbila sapanjang can tunduh mah. Da ceuk pikir
teh, keur naon kudu disesakeun sagala, dan tumbila mah euwueh mangpaatna
ieuh, ukur ngaganggu nu keur hees. Mun keur eling sok balik nanya, "Naon ma,
papadang ati teh?" Ari jawabna teh, "Papadang ati teh jalu, ngarah sia teu
hees nyegrek teuing jiga bangke, heug lilir sakali-kali mah mangsa janari
tengah peuting, ngumbah beungeut terus sameang." Jadi meureun najan tumbila
sareretan mah taya mangpaatna, sareatna mah bisa dijadikeun alarm keur nu
nyegrek ngarah lilir.

Postingan nu rada gelo di milis, kurang leuwih fungsina bisa jiga tumbila,
keur bahan auto-kritik. Ngarah urang teu ukur silih pelendungkeun pangambung
wungkul. Uing percaya, sakabeh balad Ki Sunda bisa ngukur kujur
masing-masing, postingan nu jiga kumaha nu nguenah jeung merenah.
-mh-

2011/2/21 Ki Hasan <[email protected]>

> Hehehe. Teu puguh ah Kang Enjebe mah. Tadi natanyakeun kunaon postingan teu
> dimoderasi, ari ayeuna menta postingan tong dimoderasi. Teu aya postingan nu
> domoderasi, kajaba balad anyar, da otomatis ti yahoogroupna. Alesan teu
> dimoderasi, kahiji kuncen ripuh, cape, sangeuk kudu muka email hiji-hiji.
> Kaduana diskusi nu daria teh teu gampang, leuheung mun daraek narulis
> postingan mah, najan ditilik tina sisi atikan mah, mayoritas memeber Ki
> Sunda teh jalma terdidik, tapi lolobana mah ukur naroong hungkul. Jadi
> tinimbang nungguan nu daria jiga nungguan godot teu embol-embol, nya nu aya
> we teruskeun. Paling henteu, udagan minimal ieu milis, keur ngabiasakeun
> nyarita, ngobrol, pasea jeung sajabana make basa Sunda. Perkara mindeng aya
> postingan nu rada gelo, keun we da geus aya lawanna. Mudah-mudahan lila-lila
> mah areling sorangan. Moderasi karek dipake mun geus reang nu protes ti
> member sejen.
>
> 2011/2/21 <[email protected]>
>
>>
>>
>> Ah mangga wae, kuring mah nyenghel we ninggali jiga kieu tehh. Sugan tehh
>> bener aya eusian. Da aya paraipaos "tong kosong nyaring bunyinya" kade ah
>> tong dimoderasi wae/sensor jiga zaman orba wae. Ari nu sejen bisa bebas
>> nulis ari ari nuliana teu bisa. Enjebe singetan ngaran tina najib beureun
>> kolot mah sami srg kang tb tikulon pedah lahir dibandug. Da ari nu nyakola
>> mah babasaana moal jiga kitu, ngajenan kanusejen. Hampura lamun kami oge
>> pernah nyinggung ka nusejen
>>
>> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar
>> teyusss.....
>>
>
>
>

Kirim email ke