Tah eta, urang mah saukur artis aktor dina sandiwara dunya, mun aya peran kitu kieu kumaha nu ngontrak. Sok we bayangkeun dina hiji sinetron kabeh artis aktor hayang jadi jagoana? Atuh moal anggeus saepisode2 acan. Kuring loba pisan nu teu mikaresep, da kudu kitu, mun aya nu resep ka kuring pasti aya alesana, misalna bah jebe, resep ka kuring sabab hayang dibantuan soal nyandung :D Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Tue, 22 Feb 2011 05:16:51 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: TUMBILA ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip Mang hasan ana kitu nyaruakeun bah imun sareung tumbila, tapi sae tah analogi mang hasan. Ngan eta we da najan aya mangpaatna ari tumbila mah langka jelema nuresep ;p Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar teyusss..... -----Original Message----- From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Mon, 21 Feb 2011 15:43:34 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: TUMBILA ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip Enya bah, mun teu dicoco mah moal lilir, hayoh we sare kamalinaan, papuji2 cumu'un cumu'un, jiga nu ngeunah kana hate padahal bisa jadi racun dina kahirupan. Ngan aya we nu jejeretean jiga dipacok oray, geus puguh tumila. Tapi lamun tumila nempo nu lelejek logay alias loba gaya nya tumila menta bantuan tetep jeung tongo jang nyoco jelema logay Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 21 Feb 2011 23:34:30 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: TUMBILA ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip Ngadongeng ah sakeudeung. Baheula di lembur, ari imah teh panggung, dindingna tina bilik anyaman awi, alasna palupuh bebekan awi. Ampir sabagean gede bahan imah teh tina awi, kai ukur dipake keur bagean utama rangkay imah, jiga tihang jeung jalujur alas. Ngeunah sabenerna mah imah panggung tina awi teh, mun beurang usum panas, ngadapang na palupuh teh karasa adem, mun peuting usum tiris, hawa taneuh kolong matak haneut. Nu jadi mamala imah panggung teh salah sahijina masalah tumbila. Mun geus reup peuting, ritual rutin memeh ngaguher kerek hees teh nyaeta "tumbila hunting", moro tumbila ku lampu minyak tanah. Biasana tumbila nyayang dina bilik dinding imah, palupuh, samak walini, atawa jero kasur. Cara morona, bilik teh dideangan ku lampu minyak tanah nepika panas. Mun geus kapanasan, tumbilana kalaluar sorangan tinggal mencetan, atuh bilik imah teh jadi jiga batik, pinuh ku urut getih tumbila. Tah mun uing keur anteng "hunting" tumbila, mun geus kamalinaan sok dihulag ku nu jadi Indung. "Meunggeus jalu, tong hayoh wae moro tumbila, keun we sesakeun keur PAPADANG ATI," kitu carekna teh. Kadang-kadang uing sok mantangul, hayoh we nindesan tumbila sapanjang can tunduh mah. Da ceuk pikir teh, keur naon kudu disesakeun sagala, dan tumbila mah euwueh mangpaatna ieuh, ukur ngaganggu nu keur hees. Mun keur eling sok balik nanya, "Naon ma, papadang ati teh?" Ari jawabna teh, "Papadang ati teh jalu, ngarah sia teu hees nyegrek teuing jiga bangke, heug lilir sakali-kali mah mangsa janari tengah peuting, ngumbah beungeut terus sameang." Jadi meureun najan tumbila sareretan mah taya mangpaatna, sareatna mah bisa dijadikeun alarm keur nu nyegrek ngarah lilir. Postingan nu rada gelo di milis, kurang leuwih fungsina bisa jiga tumbila, keur bahan auto-kritik. Ngarah urang teu ukur silih pelendungkeun pangambung wungkul. Uing percaya, sakabeh balad Ki Sunda bisa ngukur kujur masing-masing, postingan nu jiga kumaha nu nguenah jeung merenah. -mh- 2011/2/21 Ki Hasan <[email protected]> > Hehehe. Teu puguh ah Kang Enjebe mah. Tadi natanyakeun kunaon postingan teu > dimoderasi, ari ayeuna menta postingan tong dimoderasi. Teu aya postingan nu > domoderasi, kajaba balad anyar, da otomatis ti yahoogroupna. Alesan teu > dimoderasi, kahiji kuncen ripuh, cape, sangeuk kudu muka email hiji-hiji. > Kaduana diskusi nu daria teh teu gampang, leuheung mun daraek narulis > postingan mah, najan ditilik tina sisi atikan mah, mayoritas memeber Ki > Sunda teh jalma terdidik, tapi lolobana mah ukur naroong hungkul. Jadi > tinimbang nungguan nu daria jiga nungguan godot teu embol-embol, nya nu aya > we teruskeun. Paling henteu, udagan minimal ieu milis, keur ngabiasakeun > nyarita, ngobrol, pasea jeung sajabana make basa Sunda. Perkara mindeng aya > postingan nu rada gelo, keun we da geus aya lawanna. Mudah-mudahan lila-lila > mah areling sorangan. Moderasi karek dipake mun geus reang nu protes ti > member sejen. > > 2011/2/21 <[email protected]> > >> >> >> Ah mangga wae, kuring mah nyenghel we ninggali jiga kieu tehh. Sugan tehh >> bener aya eusian. Da aya paraipaos "tong kosong nyaring bunyinya" kade ah >> tong dimoderasi wae/sensor jiga zaman orba wae. Ari nu sejen bisa bebas >> nulis ari ari nuliana teu bisa. Enjebe singetan ngaran tina najib beureun >> kolot mah sami srg kang tb tikulon pedah lahir dibandug. Da ari nu nyakola >> mah babasaana moal jiga kitu, ngajenan kanusejen. Hampura lamun kami oge >> pernah nyinggung ka nusejen >> >> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar >> teyusss..... >> > > >
