--> JeBe <--



________________________________
From: "[email protected]" <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, February 22, 2011 8:56:10 AM
Subject: Re: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda?

  
Tah, ieu nu sering kaalaman ku kuring, sigana kunu sejen ge sarua, yen urang 
sabanerna mah era ngomong sunda hareupeun batur, komo di kantor, di hotel mewah 
atawa tempat mewah lianna. Ngan ku araranehna teh, loba nu teu ngaku mun 
disebut 
era make basa sunda atawa era ngaku urang sunda.
=> abdi mah sok cuek weh amun aya babaturan nu sunda di kantor ari nyarios mah 
sok sunda weh sanajan ka atasan ge :D


Teu kudu jauh2 mikiran hayang urang sunda mingpin, miceun kaera make basa sunda 
we heula, miceun ka era jadi urang sunda we heula, bisa teu ? Maenya kudu 
dijieun burut ngarah daek ngaku jadi sunda ? Atawa bobogaana dipindahkeun kana 
tarang suaya jadi ciri eta urang sunda.
=> ah teu wet sing era bah.  wet sing = nyanyi bari babaseuhan


Kang, di dieu mah ari genggerong hareuras, kabatur teu ngahargaan, tapi dina 
ngalengkah nyata mah euweuhan, eta nu jadi alesan kajeun anggota milis loba ge 
teu ting pucunghul, sabab haroream, teu maju2, ukur ulukutek ngobrolkeun nu 
eta2 
keneh.
=> genggerong soteh hareuras, ari taeun-na mah leuleus da bah Imun :D


Coba mun aya lengkah nyata mah, jigana ting arucunghul deui. Jeung eta piceunan 
heuras genggerong jeung heuras sirah teh, bisi di rurug ceuk kang ndud mah
=> mangga atuh pasihan ideu ku bah Imun nu kashev. urusan ngarurug, abdi 
ngiringan. ngarurug congcot

Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  "Adi Sundayana" <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Tue, 22 Feb 2011 07:46:04 +0700
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda?
  
Kataji ku ajakan Ki Dulur ka nu ngarasa Urang Sunda ka  Baraya Sunda sangkan 
make basa Sunda sanajan ukur di jagat maya, sasieureun  sabeunyeureun kuring 
rek 
milu ilubiung. Keun bae disebut lauk buruk milu mijah  oge, ieu mah bakating ku 
bungah. Geuningan masih keneh aya nu malire basa Sunda  teh.
Puguh ge sakapeung mah sok ngarasa tugenah nyakseni  dulur2 ti etnis sejen mun 
pareng nyarita ku basa indungna katingalna teh mani  perceka pisan teu 
aga-eugeu 
bangun kagok, estuning ngaguluyur. Beda pisan jeung  kalolobaanana dulur kuring 
mun pareng diajak nyarita ku basa Sunda teh memeh  nanaon geus sanduk-sanduk 
pajarkeun teh punten basa Sunda abadi mah bilih lepat.  ... malah tuluyna mah 
direumbeuy ku basa malayu atawa basa deungeun. Tapi teu  ngarasa era najan 
malayuna teu pati bener komo basa deungeunna mah matak rawing  ceuli da puguh 
loba teu merenahna.
Sigana pikeun ngahudang kawani urang Sunda nyarita ku  basa Sunda perlu 
dicontoan ku para inohong Sunda, anu sacara "psikologis" miceun  rasa "minder".
Der ah ... geura pairan pangajak ieu Ki Dulur  teh.
Cag.


From: Ki Hasan 
Sent: Tuesday, February 22, 2011 5:57 AM
To: Ki Sunda ; Baraya Sunda ; Urang  Sunda 
Subject: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki  Sunda?
  
Baraya,

Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus  rek tepung deui 
jeung Poe Basa Indung,
teuing geus nu kasabaraha kalina.  Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi 
ritual rutin unggal taun, dimana para 

inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak  berjamaah 
ngabewarakeun hal nu
eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna  miara basa Indung, basa Sunda 
tea. Sok sanajan ari geus liwat 

bulanna mah,  nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe, 
cas-cis-cus  Malayuan,
Inggrisan, atawa Aaraban.

Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki  Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu 
lianna, taya salahna mun  urang
miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu pating koceak, ngarah kaitung  umat 
Sunda, urang ngayakeun kagaiatan
mieleing poe basa indung, Poe Basa  Sunda. 

Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu  kadada kaduga ku 
urang we salaku warga jagat 

maya. Da kagiatan nu aheng mah  perlu waragad, nu can tangtu urang daraek 
ngawaragadanana.

Kagiatanana  kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge 
nu 
lianna WAJIB  AIN pikeun 

ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make  basa Sunda nu 
urang bisa. Mun aya nu teu 

ngirimkeun postingan bakal BURUT  atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis teh 
aya ratusna, aya rebuna,
mun wae  tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. 

Tah kumaha  baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga  adurenyomkeun

Baktos
-mh-  

 


      

Kirim email ke