hiji ge beurat jigana, komo amun dobel burutna bi... ih ibi mah ni kamalinaan ka bah Imun teh. kitu2 ge bah Imun teh kashev bi. amun amprok mah abdi yakin ibi bakal bogoh da. ayeuna soteh ibi galak hahah --> JeBe <--
________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Tue, February 22, 2011 8:47:08 AM Subject: Re: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? Double we lah, kanggo abah2 ieu mah..... Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: JeBe <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 22 Feb 2011 09:39:00 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? ah tos nasib na weh panginten ari kitu mah bah tapi sugan weh atuh jadi kempes lamun satuju mah :D --> JeBe <-- ________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tue, February 22, 2011 8:23:14 AM Subject: Re: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? Upami nu tos burut tadina kumaha ? Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: JeBe <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 22 Feb 2011 09:21:18 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? >>Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge >>nu >>lianna WAJIB AIN pikeun ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu urang bisa. Mun aya nu teu ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis teh aya ratusna, aya rebuna, mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. meni ngagebeg da pas maca paragraf eta... hihih... untung weh abdi mah masih sok mosting sanajan oneliner ge bahHasan, nu satuju teu burut, nu teu satuju burut hahhaha.... --> JeBe <-- ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> To: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]> Sent: Tue, February 22, 2011 5:57:19 AM Subject: [kisunda] Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? Baraya, Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus rek tepung deui jeung Poe Basa Indung, teuing geus nu kasabaraha kalina. Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi ritual rutin unggal taun, dimana para inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak berjamaah ngabewarakeun hal nu eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna miara basa Indung, basa Sunda tea. Sok sanajan ari geus liwat bulanna mah, nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe, cas-cis-cus Malayuan, Inggrisan, atawa Aaraban. Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu lianna, taya salahna mun urang miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu pating koceak, ngarah kaitung umat Sunda, urang ngayakeun kagaiatan mieleing poe basa indung, Poe Basa Sunda. Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu kadada kaduga ku urang we salaku warga jagat maya. Da kagiatan nu aheng mah perlu waragad, nu can tangtu urang daraek ngawaragadanana. Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu lianna WAJIB AIN pikeun ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu urang bisa. Mun aya nu teu ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis teh aya ratusna, aya rebuna, mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. Tah kumaha baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga adurenyomkeun Baktos -mh-
