Aya teu aya Tumbila abdimah inshaalloh padhangati jembar manah. Soal Tumbila mah tindesan we, komo mun Reungit Aedes mah matak mamawa panyakit DBD geplokan we tong asa-asa.
Asa nikmat kitu nindesan Tumbila teh. ha.ha.ha.. On Mon Feb 21st, 2011 10:34 PM ICT Ki Hasan wrote: >Ngadongeng ah sakeudeung. > >Baheula di lembur, ari imah teh panggung, dindingna tina bilik anyaman awi, >alasna palupuh bebekan awi. Ampir sabagean gede bahan imah teh tina awi, kai >ukur dipake keur bagean utama rangkay imah, jiga tihang jeung jalujur alas. >Ngeunah sabenerna mah imah panggung tina awi teh, mun beurang usum panas, >ngadapang na palupuh teh karasa adem, mun peuting usum tiris, hawa taneuh >kolong matak haneut. > >Nu jadi mamala imah panggung teh salah sahijina masalah tumbila. Mun geus >reup peuting, ritual rutin memeh ngaguher kerek hees teh nyaeta "tumbila >hunting", moro tumbila ku lampu minyak tanah. Biasana tumbila nyayang dina >bilik dinding imah, palupuh, samak walini, atawa jero kasur. Cara morona, >bilik teh dideangan ku lampu minyak tanah nepika panas. Mun geus kapanasan, >tumbilana kalaluar sorangan tinggal mencetan, atuh bilik imah teh jadi jiga >batik, pinuh ku urut getih tumbila. > >Tah mun uing keur anteng "hunting" tumbila, mun geus kamalinaan sok dihulag >ku nu jadi Indung. "Meunggeus jalu, tong hayoh wae moro tumbila, keun we >sesakeun keur PAPADANG ATI," kitu carekna teh. Kadang-kadang uing sok >mantangul, hayoh we nindesan tumbila sapanjang can tunduh mah. Da ceuk pikir >teh, keur naon kudu disesakeun sagala, dan tumbila mah euwueh mangpaatna >ieuh, ukur ngaganggu nu keur hees. Mun keur eling sok balik nanya, "Naon ma, >papadang ati teh?" Ari jawabna teh, "Papadang ati teh jalu, ngarah sia teu >hees nyegrek teuing jiga bangke, heug lilir sakali-kali mah mangsa janari >tengah peuting, ngumbah beungeut terus sameang." Jadi meureun najan tumbila >sareretan mah taya mangpaatna, sareatna mah bisa dijadikeun alarm keur nu >nyegrek ngarah lilir. > >Postingan nu rada gelo di milis, kurang leuwih fungsina bisa jiga tumbila, >keur bahan auto-kritik. Ngarah urang teu ukur silih pelendungkeun pangambung >wungkul. Uing percaya, sakabeh balad Ki Sunda bisa ngukur kujur >masing-masing, postingan nu jiga kumaha nu nguenah jeung merenah. >-mh- > >2011/2/21 Ki Hasan <[email protected]> > >> Hehehe. Teu puguh ah Kang Enjebe mah. Tadi natanyakeun kunaon postingan teu >> dimoderasi, ari ayeuna menta postingan tong dimoderasi. Teu aya postingan nu >> domoderasi, kajaba balad anyar, da otomatis ti yahoogroupna. Alesan teu >> dimoderasi, kahiji kuncen ripuh, cape, sangeuk kudu muka email hiji-hiji. >> Kaduana diskusi nu daria teh teu gampang, leuheung mun daraek narulis >> postingan mah, najan ditilik tina sisi atikan mah, mayoritas memeber Ki >> Sunda teh jalma terdidik, tapi lolobana mah ukur naroong hungkul. Jadi >> tinimbang nungguan nu daria jiga nungguan godot teu embol-embol, nya nu aya >> we teruskeun. Paling henteu, udagan minimal ieu milis, keur ngabiasakeun >> nyarita, ngobrol, pasea jeung sajabana make basa Sunda. Perkara mindeng aya >> postingan nu rada gelo, keun we da geus aya lawanna. Mudah-mudahan lila-lila >> mah areling sorangan. Moderasi karek dipake mun geus reang nu protes ti >> member sejen. >> >> 2011/2/21 <[email protected]> >> >>> >>> >>> Ah mangga wae, kuring mah nyenghel we ninggali jiga kieu tehh. Sugan tehh >>> bener aya eusian. Da aya paraipaos "tong kosong nyaring bunyinya" kade ah >>> tong dimoderasi wae/sensor jiga zaman orba wae. Ari nu sejen bisa bebas >>> nulis ari ari nuliana teu bisa. Enjebe singetan ngaran tina najib beureun >>> kolot mah sami srg kang tb tikulon pedah lahir dibandug. Da ari nu nyakola >>> mah babasaana moal jiga kitu, ngajenan kanusejen. Hampura lamun kami oge >>> pernah nyinggung ka nusejen >>> >>> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar >>> teyusss..... >>> >> >> >> ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
