Mun masih keneh bingung naon eusi postinganana, kumaha mun urang pilih
temana.
Misalna "Surat kadeudeuh keur Bi Oeti", "Surat kadeudeuh keur Ambu Dian",
atawa aya tema sejen?

Der Kang Imun, Kang Jebe, Kang Enjebe, sarta akang-euceu sejenna geura
balakan.

2011/2/22 Ki Hasan <[email protected]>

> Baraya,
>
> Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus rek tepung
> deui jeung Poe Basa Indung,
> teuing geus nu kasabaraha kalina. Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi
> ritual rutin unggal taun, dimana para
> inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak
> berjamaah ngabewarakeun hal nu
> eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna miara basa Indung, basa
> Sunda tea. Sok sanajan ari geus liwat
> bulanna mah, nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe,
> cas-cis-cus Malayuan,
> Inggrisan, atawa Aaraban.
>
> Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge nu
> lianna, taya salahna mun urang miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu
> pating koceak, ngarah kaitung umat Sunda, urang ngayakeun kagaiatan mieleing
> poe basa indung, Poe Basa Sunda.
>
> Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu kadada kaduga
> ku urang we salaku warga jagat maya. Da kagiatan nu aheng mah perlu waragad,
> nu can tangtu urang daraek ngawaragadanana.
>
> Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda,
> oge nu lianna WAJIB AIN pikeun
> ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda nu
> urang bisa. Mun aya nu teu
> ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis
> teh aya ratusna, aya rebuna,
> mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan.
>
> Tah kumaha baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga adurenyomkeun
>
> Baktos
> -mh-
>

Kirim email ke