Tah eta, sabenerna kuring teu hoyong ngagegedekeun bebedaan diantara urang sunda, kuring sakumaha nyoco tarikna oge da teu jiga oray macok... Teu ari nepika geuleuh ka dasar hate mah.. Nu dihanjakalkeun teh geuning sunda angger sunda, loba teuing nu jadi hahalang jang ngalengkah bareng, boro2 di dunya nyata, geuning di dunya maya oge sakieu pabuisna ku beda pipikiran.
Soal ageman kuring mah teu apduli batur ngagem naon, nu teu percaya kana ayana gusti ge kuring mah teu paduli, ngan kuring teu resep ka jalma2 anu sok sundar sindir kana kayakinan batur, jiga nu lemes bahasana tapina ngahina, matak kuring nyebutna oge jurig kanu kitu mah.. Matak naon ngobrol nu jauh tina sundar sindir kayakinan batur, kuring teu hayang saeutik2 acan ngajak batur milu yakin kana kayakinan kuring, kuring ge teu hayang diajak kana kayakinan batur. Kuring make ngaran lain saaslina lain sieun ku urang ki sunda, atawa wadia baladna, aya nu jauh leuwih dipikasieun ku ukuran jalma. Peun. Jadi wayahna mun aya nu nyindir kana kayakinan kuring nya di sentak.. Mun angger wae komo kalahkah ngeleg nangtang, nya teu salah mun aya kajadian nanaon. Kana liang cocopet oge bakal diudag. Iraha? Nya teu kudu disebut2keun iraha2na mah Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 22 Feb 2011 20:42:06 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] TEMA ==> Re: Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? teu ngarti kuring mah, can kadongkang ku pikiran kuring nu sauted jigana. naon nu diserat ku salira teh bah. naha neangan nu bisa disebut dulur sasunda teh ukur nu sakayakinanan (tadina mah deuk nyebut sapamadegan, tapi jigana nu diagem ku bah imun mah leuwih ti eta) wungkul jeung abah dina ningali ki/ni sunda kitu? jiga bah nonggerak? naha, misalna kang ilen atawa bi( )oeti, henteu kaasup dulur sasunda? pedah maranehna wangkelang wae kana kahayang abah? padahal maranehna dina gunem catur susuratan make basa sunda pan? nu bisa jadi ciri hiji-hijina, nu katangar di milis, yen maranehna teh sunda. duh.... naha kuring ge jadi ngarasa hanjakal... 2011/2/22 <[email protected]> > > > Ti saprak kaidean jang miluan milis2 sunda, tadina gede harepan yen hiji > mangsa basa sunda teh bakal jadi basa nu dipake deui dina kahiruman boh > formal atwa teu formal, gede harepan bakal panggih jeung dulur2 sasama sunda > nu silih ajenan jeung pikanyaah. Gede pisan harepan kadinya, nu leuwih > jauhna bisa ngariung deui kajeun di alam maya jeung dulur2 ti sunda teu > kahalangan ku ruang, sugan jeung sugan urang sunda bisa nanjeur ku > kasundaana di nagri ieu, saeutikna bisa jadi nu boga imah di imahna sorangan > nyaeta di tatar sunda. > > Ngan hanjakal pisan, harepan tinggal harepan, kahayang tinggal kahayang, > kuring saparakanca ngajenghok, olohok mata simeuteun, geuning kieu sunda > teh, geuning kieu, pantesan mang ratus2 taun sunda paburisat, paburencay, > bacacahan dimana2 jiga kalakay garing di kebon nu euweuh gunana, moal bisa > dipuluk deui, bororaah ditapelkeun deui kana tangkalna, jadi daun hejo > deui.. > > Kuring yakin, lain kuring hungkul nu ngarasakeun jeung boga harepan kitu > pas mimiti miluan di kumpulan sunda, pasti loba nu ngarasa anu sarua.. > Wayahna, can waktuna sigana mah, atawa moal kajadian naon anu dipikameumeut > ku urang sarerea. > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Ki Hasan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Tue, 22 Feb 2011 20:23:31 +0800 > *To: *Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda< > [email protected]>; Urang Sunda<[email protected]>; > Richadiana Kartakusuma<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[kisunda] TEMA ==> Re: Mieling Poe Basa Indung Ala Ki Sunda? > > > > Mun masih keneh bingung naon eusi postinganana, kumaha mun urang pilih > temana. > Misalna "Surat kadeudeuh keur Bi Oeti", "Surat kadeudeuh keur Ambu Dian", > atawa aya tema sejen? > > Der Kang Imun, Kang Jebe, Kang Enjebe, sarta akang-euceu sejenna geura > balakan. > > 2011/2/22 Ki Hasan <[email protected]> > >> Baraya, >> >> Kagiridig ku postingan Kang Dudi, nu ngiberan yen urang geus rek tepung >> deui jeung Poe Basa Indung, >> teuing geus nu kasabaraha kalina. Pangeling ngeling poe basa nu geus jadi >> ritual rutin unggal taun, dimana para >> inohong, budayawan, sastrawan, wartawan, oge nagarawan pating koceak >> berjamaah ngabewarakeun hal nu >> eta-eta keneh ti taun-ka-taun, ihwal pentingna miara basa Indung, basa >> Sunda tea. Sok sanajan ari geus liwat >> bulanna mah, nu pating koceak teh baralik deui we kana kahirupan sapopoe, >> cas-cis-cus Malayuan, >> Inggrisan, atawa Aaraban. >> >> Tah salaku warga jagatmaya, boh Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, oge >> nu lianna, taya salahna mun urang miyuni lauk buruk milu mijah, urang milu >> pating koceak, ngarah kaitung umat Sunda, urang ngayakeun kagaiatan mieleing >> poe basa indung, Poe Basa Sunda. >> >> Naon kagiatanana? Kagiatanana mah teu kudu riweuh-riweuh, nu kadada kaduga >> ku urang we salaku warga jagat maya. Da kagiatan nu aheng mah perlu waragad, >> nu can tangtu urang daraek ngawaragadanana. >> >> Kagiatanana kieu: sakur warga milis Ki Sunda, Baraya Sunda, Urang Sunda, >> oge nu lianna WAJIB AIN pikeun >> ngirimkeun postingan ka milis, nu ditujukeun ka saha wae make basa Sunda >> nu urang bisa. Mun aya nu teu >> ngirimkeun postingan bakal BURUT atawa JENGJERIHEUN. Sawangan balad milis >> teh aya ratusna, aya rebuna, >> mun wae tiap hulu ngirim postingan tangtu aya kana rebuna postingan. >> >> Tah kumaha baraya satuju? Atawa aya usulan lain, mangga adurenyomkeun >> >> Baktos >> -mh- >> > >____ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
