Kaliwat nu pasti mah..ha ha
--- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote: > > Har, lain ieu dongeng ti kang Tubagus teh kamari kungsi diposting ku > teh/kang Mia Launder dina mairan postingan kang Ilen jejer "Status > Facebook"? Naha teu kapalire ku kang Tubagus? > > manar > > 2011/2/25 Tubagus Rifki L <tbrifki@...> > > > > > > > Meunang ngopas ti balad fb, > > Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang. Geus jam 2 beurang can > > dahar waé, atuh puguh lapar pisan. > > > > "Mah lapar henteu?", ceuk Abah > > > > "Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu" > > > > "Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun" > > > > "Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula" > > > > "Tuh aya restoran nu palayana maké robot!" > > > > "Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana" > > > > Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta. > > > > Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah. > > > > Enya waé palayana téh robot. > > > > Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong : > > > > "What is your nationality?", robot nanya. > > > > "Indonesia" ceuk Abah. > > > > "Selamat datang", ceuk robot maké bahasa Indonesia. > > > > "Apa bahasa suku Anda?", robot nanya deui. > > > > "Sunda", ceuk Abah. > > > > "Wilujeng sumping. Badé pesen naon?" ceuk robot maké basa Sunda. > > > > "Canggih mah", abah ngaharewos ka urut kabogohna. > > > > "Aya lotek?", ceuk urut kabogoh nanya ka robot. > > > > "Aya" > > > > "Pesen dua porsi" > > > > "Porsi ageung atanapi alit? > > > > "Porsi ageung" > > > > "Sabaraha céngékna?" > > > > "Nu hiji dua, nu hiji sapuluh" > > > > "Nganggo kangkung?" > > > > "Enya" > > > > "Nganggo waluh?" > > > > "Enya" > > > > "Nganggo engkol?" > > > > "Enya" > > > > "Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?" > > > > "Nu mana waé lah", Abah mimiti rada ambek. > > > > "Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?" > > > > "Kumaha sia !" > > > > "Kacangna setengah mateng atanapi mateng?" > > > > "Goréng sing garing!" > > > > "Nganggo goréng bawang henteu?" > > > > "Maké kéhéd!" Abah sesengor tarik pisan. > > > > "Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?" > > > > "Dipiringan !" > > > > "Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?" > > > > "Jalantah kuya !" bari ambek da geus aya sapuluh menitna. > > > > Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses. > > > > Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui : > > > > "Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan" > > > > "Naha? Geus lila-lila aing tanya-jawab jeung sia teu bisa dilaksanakeun > > siah?" > > > > "Kumargi teu acan aya kuya sareng jalantahna .." > > > > "Bisa gélo aing ! Yu Mah indit ah, teu jadi dahar didieu ! > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > > TiRiLik > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
