Sok lah Bi diantosan lalakonna. Baraya mari kita nagdepong nungguan dongeng Bi Oeti
2011/2/28 <[email protected]> > > > Aduh Ki, nuju raos2 ngimpleng payuneun komputer hoyong ilubiung. Eh, ku PLN > disabot. Pareum. Poek. Aya2 wae.... > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Ki Hasan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Mon, 28 Feb 2011 18:29:07 +0800 > *To: *Ki Sunda<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[kisunda] PBKS - Talaga Jamban > > > > Tah dua cenah > > ---------- Forwarded message ---------- > From: Irpan Rispandi <[email protected]> > Date: 2011/2/28 > Subject: [kisunda] "Talaga Jamban"-nyumbang carita keur buku tea > To: [email protected] > > > Tulisan ieu asana teh can merenah, cikan pang mariksakeun. Mun aya nu > kudu di benerkeun bejaan kuring nya. > > nuhun sa acanna. > > ************************* > > > Talaga Jamban > ku : Irpan Rispandi > > Wanci isuk di usum halodo tarik tiisna kabina-bina. Komo deui lamun > urang cicing di wewengkon dataran tinggi nu loba gunung saperti di > Garut. Hawa tiis teh tangtu leuwih nyecep, karasa nepi ka sungsum > balung. Nu matak teu heran lamun tatar Garut ti baheula keneh geus > meunang lalandian "Swiss van Java". Hawa tiis jeung alam endah jadi ciri > tatar Garut. > > Rada beh kidul ti kota Garut aya hiji gunung anu ngajungkiring jangkung. > Gunung anu luhur puncakna 2821 meter tina beungeut cai laut teh > katelahna Gunung Cikuray. Duka teuing naon sababna nu matak eta gunung > dingaranan gunung Cikuray. Lamun ditingali tina kecap mah, ngaran > Cikuray teh kawengku tina Cai jeung Kuray. Kuray-na duka tina kecap > kukurayeun, duka tina naon. Ngan lamun enya tina kecap kukurayeun, di > gunung eta naon anu matak kukurayeunna? Kusabab alamna estu endah > sampurna mungguh ciptaan nu Maha Kawasa. Jajauheun tina pikasieuneun. > Duka teuing lamun anu "ngageugeuh" eta gunung teh matak kukurayeun mah. > Bisa jadi. :) > > Kuring lahir jeung meakkeun mangsa rumaja di suku gunung Cikuray beulah > kaler, di wewengkon kacamatan Bayongbong. Kuring cicing didinya teh ngan > nepi ka umur 15 taun. Sanggeus tamat sakola SMP, kuring neruskeun sakola > ka Bandung. Bet siga dina lagu nya: "Geura gede gera jangkung, geura > sakola ka Bandung." he..he..he.. Sok sanajan ngan nepi ka rumaja cicing > di dinya, loba pisan panineungan anu tetep bisa kainget sanajan kuring > ayeuna geus rimbitan. > > Di tonggoheun sakola SD kuring aya sirah cai anu ku urang dinya > disebutna "Jamban". Sirah cai ieu lumayan gede, malah mangrupa guha > leutik. Tapi guha leutik ieu ayana dina dasar talaga. Sahingga > jalma-jalma arang anu daek asup nalungtik ka jerona. Eta talaga teh > legana kurang leuwih 8 ka 10 meter, jerona 8 meteran mah aya. Di > gigireun eta talaga gede, aya talaga nu leuwih leutik jeung leuwih deet. > Dina talaga leutik ieu kuring jeung babaturan sok ngadon ngojay sanggeus > balik sakola SD. Harita mah ngojay teh sahayuna we, teu kudu make calana > renang, taranjang bubulucunan...he..he.he.. > > Cai talaga anu herang ngagenclang muwuh matak pikaresepeun. Disisi > talaga leutik aya wangunan beton anu nutupan pipa cai. Wangunan anu > suhunanna tina beton jeung rata teh jadi tempat nunda baju, sapatu jeung > tas sakola. Tina luhur wangunan eta, kuring luncat ka handap, kana cai > nu herang siga kaca. Kuring jeung babaturan icikibung dina talaga bisa > nepi ka dua jam lilana. Mun biwir geus geunteul jeung tungtung ramo > pareot, kakara haranjat. > > Seubeuh ngojay kuring balik ka imah mapay-mapay kebon saladah. Cai anu > bijil tina beuteung gunung Cikuray teh sigana alus pisan pikeun > pepelakan, diantarana saladah. Di beh landeuh aya oge balong-balong anu > dipelakan lauk emas. Kuring sabatur-batur leumpang mapay galengan, tapi > sakapeung mah sok pangangguran leumpang luhureun pipa beusi sagede > pingping. Pipa eta ngalirkeun cai ti Jamban ka PDAM. > > Harita mangsa talaga masih aya.... > > Sawatara waktu kaliwat, pas kabeneran balik ka Garut, kuring ngahajakeun > ulin ka urut sakola SD. Teu poho sakalian ka talaga “Jamban”. Di > wewengkon anu kuduna aya talaga nu caina herang siga kaca, ayeuna geus > salin rupa jadi wangunan beton anu tohaga. Euweuh barudak anu ngarojay, > euweuh ibu-ibu anu nyareuseuh. Simpe, rehe combrek. Boh talaga gede boh > talaga leutik, duanana geus ditutup. Pager beusi ting jungkiring. > > Sora ting cerewet na barudak nu icikibung, koceakna budak nu ngajleng ka > handap, ngagejeburna sora cai, ngan ukur kadenge hawar-hawar, dina jero > ingetan kuring. Nu kasinghareupan ku kuring ayeuna, ngan ukur wangunan > beton hawuk anu pireu, tina beuteung eta wangunan ngembat panjang pipa > beusi anu gede pisan. > > Talaga anu kuduna jadi milik bararudak, pikeun suka bungah icikibung > dina caina nu herang, ayeuna geus dirampas ku “jalma-jalma sukses”, > pengusaha air minum kemasan. Kagumbiraan bararudak jadi tumbal pikeun > kasuksesan maranehna. Wilujeng ka “jalma sukses”, tapi hanjakal naha bet > numbalkeun kagumbiraan barudak? Kawas nu munjung wae, beunghar tapi > butuh tumbal. > > > ------------------------------------ > > Yahoo! Groups Links > > > > > >
