---------- Forwarded message ----------
From: Ki Hasan <[email protected]>
Date: 2011/2/21
Subject: TUMBILA ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip
To: [email protected]


Ngadongeng ah sakeudeung.

Baheula di lembur, ari imah teh panggung, dindingna tina bilik anyaman awi,
alasna palupuh bebekan awi. Ampir sabagean gede bahan imah teh tina awi, kai
ukur dipake keur bagean utama rangkay imah, jiga tihang jeung jalujur alas.
Ngeunah sabenerna mah imah panggung tina awi teh, mun beurang usum panas,
ngadapang na palupuh teh karasa adem, mun peuting usum tiris, hawa taneuh
kolong matak haneut.

Nu jadi mamala imah panggung teh salah sahijina masalah tumbila. Mun geus
reup peuting, ritual rutin memeh ngaguher kerek hees teh nyaeta "tumbila
hunting", moro tumbila ku lampu minyak tanah. Biasana tumbila nyayang dina
bilik dinding imah, palupuh, samak walini, atawa jero kasur. Cara morona,
bilik teh dideangan ku lampu minyak tanah nepika panas. Mun geus kapanasan,
tumbilana kalaluar sorangan tinggal mencetan, atuh bilik imah teh jadi jiga
batik, pinuh ku urut getih tumbila.

Tah mun uing keur anteng "hunting" tumbila, mun geus kamalinaan sok dihulag
ku nu jadi Indung. "Meunggeus jalu, tong hayoh wae moro tumbila, keun we
sesakeun keur PAPADANG ATI," kitu carekna teh. Kadang-kadang uing sok
mantangul, hayoh we nindesan tumbila sapanjang can tunduh mah. Da ceuk pikir
teh, keur naon kudu disesakeun sagala, dan tumbila mah euwueh mangpaatna
ieuh, ukur ngaganggu nu keur hees. Mun keur eling sok balik nanya, "Naon ma,
papadang ati teh?" Ari jawabna teh, "Papadang ati teh jalu, ngarah sia teu
hees nyegrek teuing jiga bangke, heug lilir sakali-kali mah mangsa janari
tengah peuting, ngumbah beungeut terus sameang." Jadi meureun najan tumbila
sareretan mah taya mangpaatna, sareatna mah bisa dijadikeun alarm keur nu
nyegrek ngarah lilir.

Postingan nu rada gelo di milis, kurang leuwih fungsina bisa jiga tumbila,
keur bahan auto-kritik. Ngarah urang teu ukur silih pelendungkeun pangambung
wungkul. Uing percaya, sakabeh balad Ki Sunda bisa ngukur kujur
masing-masing, postingan nu jiga kumaha nu nguenah jeung merenah.
-mh-

Kirim email ke