Postingan Kang Dede ([email protected]) ======= Bungahna Puasa
Kajeun teuing lain bulan puasa, jigana kaci mun ngadongeng masalah sabudeureun "puasa". Didieu kuring rek ngadongeng perkara bungahna bulan puasa basa kuring memeh sakola SD, lain TK. Da puguh sikuring mah teu kungsi ngadahar bangku TK. Caritana kieu: Harita sikuring masih keneh budak lehoan (padahal sabenernamah da teu lehoan iyeuh). Bulan puasa sikuring sok pipilueun puasa, kajeun teuing nepi ka lohor atawa jam 10, tapi meureun eta carana sikuring diajar puasa. Baheulamah sabulan pinuh teh nu sakola SD pere nepika saminggu tas lebaran, mun teu salahmah. Jadi sikuring sok ngahaja hudang rebun-rebun keneh milu kuliah subuh di masjid jami anu sok diwurukan ku ajengan Yoyo, Ajengan Uju atawa ajengan Emuh, jeung bapak kuring sorangan, terus mun saminggu memeh lebaran teh sok diayakeun lomba anu husus pikeun barudak nu miluan kuliah subuh, jiga lomba adan, lomba pidato, lomba ngaji, lomba nalar surat Yasin, lomba nalar surat-surat pondok, jeung cerdas cermat. Sikuring biasana sok miluan jeung sok meunang. Hadiahna biasana buku leces, jeung alat tulis sejena. Atawa kopeah jeung kitab paranti ngaji. Waragadna dikumpulkeun ku kolot barudakna, atawa aya sumbangan tinu geus boga pausahaan atawa nyaba di kota. Manehna sok iuran saiklasna, aya nu sapuluh rebu aya oge nu sarebu, gumantung kamampuana sewang-sewangan. Dina kuliah subuh aya panitiana, biasana panitiana teh Mang Ondo (nu ku nini kuring mah sok dilandih Si Ondo Walanda, da enya buukna sok digondrongkeun) saparakanca. Tegesna maranehanana anu ilubiung dina ngamajukeun kampung. Atuh aya oge Alo sikuring, alo Ojak (ngarana Rojak) anu leuwih kolot jadi panitiana. Panitia teh tugasna mun teu salahmah nyieun jadwal ajengan anu ngawuruk, nyieun soal jang lomba, mungkus hadiah lomba, jeung ngumpulkeun duit pikeun waragad eta lomba. Puasa jeung Ulin Baheulamah puasa teh jadi waktu anu pikaresepeun keur ulin, babaturan anu saluhureun pere sakola jadi di kampung teh leuwih rame ku barudak dibanding poe-poe laina. Komo mun geus deukeut ka lebaran, barudak urang kota geus baralik sok tambah rame da maranehna sok mawa perecon jeung kaulinan anu aralus. Sikuring oge sok dipangmawakeun ku dulur anu geus gawe dikota, kayaning perecon (petasan), pepedangan tina plastik jeung sajabana. Ti janari keneh geus milu saur bari masih keneh lulungu tuluy indit ka masjid miluan kuliah subuh nepi ka wanci jam satengah tujuhan. Kuliah subuh teh pikaresepeun, da berenyit wungkul awewe jeung lalaki, lain ngan saukur ngadengekun ceramah tapi loba elmu nu nepi ka ayeuna masih keneh napel. Teu saeutik nu kuliah subuh bari lalangharakan atawa ngadapang bari ngagutrut nulis, jeung aya oge anu nundutan malahan mah nepi ka sare tibra. Mun teu salahmah nu sok sare waktu kuliah subuh teh si Acep jeung si Dodo. Kangaranan barudak urang sunda, heureuy teh teu nempo tempat jeung waktu. Nu sok sare waktu kuliah subuh biasana sarung sok di talian make tali rapia, atawa tas na sok disumputkeun dina jero bedug. Sanggeus rengse, tuluy balik ngadagoan babaturan nyalampeur rek ulin. Kaulinan teh loba carana, saperti peperangan di kebon sampeu, atawa mengbal di balong saat, nepi ka ngojay di walungan leutik atawa dibalong gede nubogana Wa Juhdi tea. Kangaranan barudak sok rada bangor, puasa teh sok pirajeunan nyemen (dahar pabeubeurang bari susulumputan). Nu didaharna teh da kadaharan nu teu sapira, jiga hui mantang, jambu batu atah, atawa limus anu meunang nenggoran tinu mang Sudira. Mun kapanggih kunu bogana sok di buburak. Inget.....bangor! Usum langlayangan sok milu medar di pasir anu katelah Puncak Sudira atawa Sawah Mang Asan bari ngalaan tiwu, atawa ngadu panggal, jujungkungan, gatrik, honghongan (susumputan) jeung ngadu kaleci. Pernah oge nepi ka nyieun babalongan di sisi susukan, tuluy dipelakan lauk anu lauknateh meunang maok ti balong aki sikuring jiga lauk jaer, sepat atawa nilem. Mun pareng ulin jeung awewe, nya sok milu wawarungan jeung ngadu gambar, trengan atawa maen ular tangga. Kabeh kaulinan teh dilakukeun raramean, jadi waktu teh teu karasa, ujug ujug adan lohor. Jigana ayeunamah kaulinan samodel kitu teh geus teu pati payu, kaelehkeun ku maen PS jeung kaulinan anu make alat modern made in cina, jiga momobilan jeung sajabana. Kasorenakeun, jam 2 kudu milu sakola agama di madrasah nepi ka jam 4. Sakola agama teh mun ayeunamah sakola diniyah anu ngajarekun elmu kaagamaan. Muridna teh dibagi 3 kelas, aya kelas hiji anu barudakna can asyp sakola SD, kelas 2 anu sakola SD nepika kelas 4, atuh kelas tilu nyaeta barudak anu geus kelas opat kaluhur. Pelajarana oge beda-beda gumantung kelasna. Kelas hiji biasana diajar maca hurup arab, cara jeung babacaan solat, wudu jeung nu sejena nu kaasup elmu dasar. Memeh magrib barudak biasana geus ngarumpul di deukeut masjid bari maraen bonbonan atawa bubudugan tea bari nungguan magrib. Ngong adan magrib barudak tingburisat nuju ka imahna sewang-sewangan, baruka puasa. Sanggeus buka anu sok kudu aya rujak duwegan atawa rujak alpuket, tuluy ka masjid solat magrib. geus kitumah baralik deui nugguan wanci isya. Isya teh biasana sok hoream, mending solat tarawehna. Matak barudak mah solat isya sok jarang datang, tapi mun tarawehanna pasti masjid teh pinuh. Teuing kunaon. Tapi kabehdieukeun sikuring rada ngarti, tarawehan teh pan sunat cenah, jadi solatna teu pati serius, sok hareureuy mun solat teh. Tuluy sok digeungeureuhkeun ku kolot. Tapi da isuk kitu deui kitu deui, adat kakurung ku iga tea meureun. Dina masalah solat Taraweh, sikuring sok ngamomoy peremen, baheulamah aya peremen sugus jeung kopiko tea nu pang terkenalna teh. Da enya sikuring dibejaan yen mun urang solat tuluy tunduh gancang-gancang ngamomoy peremen, Nya sikuring oge nurut da nu ngomong teh geus gede budak SMP tea, solat taraweh bari ngamomoy peremen. Hiji mangsa kalakuan model kitu kanyahoan ku kolot kuring, nya sikuring teh dihulag. Cenah teh : ari solat teu meunang bari barang dahar, da eta teu sah. Atuh tidinya sikuring tara deui ngamomoy peremen, da cenah ngabatalkeun kana solat. Padahal sikuring geus boga sasadiaan peremen rada loba di tunda dina kopeah hideung. Jadi mun tunduh teh tuluy we nyokot peremen terus dimomoy. Sakitu tah dongeng ti sikuring teh, kalakuan sikuring jaman can sakola. Jigana mun seug eta disebut bangor, da jigana masih keneh wajar nya. Mun sikuring mudik bulan puasa, sikuring sok hayang balik deui jiga jaman baheula. Jigana teh kahirupan anu serba pikaresepeun. Bangor anu ciciri budak leutik, lain jiga budak jaman kiwari bangor anu rada kriminal. Baheulamah resep mun neggoran buah limus nu Mang Sudira, ngalian mantang dikebon mang Uri, atawa mulung muncang dinu mang Isar. Hahhah.....kacipta! Eta nu kitu teh kahirupan 20-a taun katukang, sikuring keur umur 5 taunan. Kahirupan khas urang kampung, kaulinan anu pikaresepun, bangor anu jadi paripolah prahna budak kampung baheula, heureuyna budak leutik, pikirana anu masih keneh polos, ngabenerkeun anu dianggap kubatur bener (can tangtu benrna), pigur kolot urang kampung anu masih keneh jadi hiji-hijina panutan, kaulinan anu jauh tina unsur malas, kahirupan anu ngaguyub jeung niley-niley sejena anu bisa dicokot jeung dikembangkeun. Cag ah
