Tah geuning, Ki Dalang Abah AA, aya ngurunyung deui.
Kaman wae Bah AA, mani ngampleng?
Der ah Bah AA, geura medar deui lalakon.

2011/3/16 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
> Isuk2 keneh pisan Pasukan Astina mimiti maju ka pakalangan di Kurusetra;
> tarompet
> sayaga ditiup terus2an ngahudangkeu sakabeh pasukan.
> Ti dinya mani murudul pasukan panghareupna , dipimpin ku Durganda Durgandi;
> terus disusul ku pasukan UTAMA ; nu dipimpin ku Maha Senapati Resi Bisma
> Dewa Brata, lengkep sareng busana/ kareta perangna. Diirig ku puluhan
> Senapati sareng Tamtama; ti pengketna mani nakleuk laksaan prajurit nu
> mawara tameng jeung pedang. Terus pasukan  tumbak, gada, jste
>
> Pasukan lapis ka 3, dipimpin ku Duryodhana di na karetana; digendeng ku
> Resi Krepa
> sareng Sakuni; diiring rebuan Senapati; sareng laksaan prajurit.
>
> Lapis ka opat di pimpin Salya Narpati; nu nganggo Busana harurung harerang;
> karetana
> oge dihias mani gebyar gumebyyar; diiring ku Pasukan ti Mandaraka, nu
> anggoanana
> kacida harurung harerangna.
>
> Lapis ka lima; dipimpin ku Raja Sindhu Pangerang Jayadratha.
> Pasukan lapis ka genep, dipimpim ku Pageran Burisrawa
> Pasukan ka tujuh dipimpin ku Raja Baghadatta ti Trajutrisna.
>
> Pasukan salapi salapis teras nuju ka Medan Kurusetra nuju ka lokasi nu
> tempatna
> Pandawa. Ieu Pasukan Astina nepi ka puluhan lapis pasukan jiga nu teu
> beak2; Pang akhirna dipimpin ku Aswatama; khusus pikeun ngajaga nu desersi.
> Ieu pasukan nu ngayuta teh bari maju, bari jeung susueakan; atuh sorana
> siga ngaguruhna cai caah, atawa gunung nu keur bitu; estu ngaguruh; pacampur
> sora tarompet perang, awor jeung pating koceakna sora gajah, kuda; estu
> matak haeiwang. Kaciri para prajurit pada tareuneung ludeung; jeung pinuh
> kayakinan, yen perang ieu bakal dimeunangkeun ku Pihak Kurawa/Astina.
> Sajeroning maraju maranehna teu pisan ham ham yen Kurawa
> pasti Jaya.
>
> Pihak Pandawa tos waspada yen poe ieu bakal kajadian perang gede; jeung
> maranehna
> nyaho yen Pasukan Kurawa Pasukannana leuwih gegek; kitu deui para
> Pahlawanna. Tapi Para Senapati/Phlawan jeung para Prajurit YAKIN, yen
> maranehna aya di PIHAK nu BENER; maranehna yakin, kadilan bajal nisa
> ditanjeurkeun; maranehna boga kayakinan yen maranehna perang teh keur
> NGABELA Kaadilan jeung BEBENERAN. Jadi ti Pihak Pandawa oge maraju kalawan
> sikep nu pinuh ku optomis tapi prihatin; teu nguntup cara Pihak Kurawa.
>
> Pasukan Lapis kahiji ti Pandawa; dipimpin ku Wraesangka.
> Lapis kadua dipimpin ku Utara
> Lapis katilu Resi Seta sareng paukan Istimewa. Minangkana mah pasukan
> BERANI MATI
> Lapis kaopat dipimpin ku Arya Bimasena; disusul ku Gatotkacha sareng
> pasukan ti Pringgandani; ieu mah sigana PASUKAN GERAK CEPAT; najan saeutik
> tapi kaciri
> kabehanana barosongot gese amprotan.
> Lapis kagenep dipimpin ku Maha Senapati Dristajumna.
> Saterasna Pasukan Pancala, dipimpin langsung ku Prabu Drupada
> Teras Pasukan Wiratha dipimpin ku Prabu Matsyapati
> Saterasna Nakula Sadewa saterasna Srikandhi sarwng pasukan2 sanesna deui.
> Paling pengker nyata Pangeran Arjuna; lantaran cenah anjeuna mah teu acan
> siap perang.
>
> Tarompet perang geus pada ditariup; atuh der we dua pasukan nu sarua
> ngayutana bentrok; dimimitian ku pasukan hareup masing2 pihak. Sora pedang
> jeung tamsir tinggalonjrang; tambah ting belesurna jamparing matak ngerik
> ati; ditambah sora ting jarerit prajurit nu cilaka. Tapi kabeh terus maju
> geus teu ngingetkeun deui nu tatu atawa nu binasa, pokona masing2 pihak niat
> rek merangan musuhna; geus teu mikir deui dina bagbagan jabeneran atawa
> kamanusaan.
>
> HANCA
>
>  
>

Kirim email ke