Baraya,
Komunitas reksa seja ngayakeun program pelatihan wartawan. Lamina salapan 
sasih, ti awitan ping 1 April 2011. Manawi aya di antawis para wargi nu bade 
ngersakeun, mangga dihaturanan. 

Pasaratan :
1. Lulusan S1
2. Maher Basa Inggris (Nuhun-nuhun, oge iasa basa asing sanesna).
3. Kagungan minat janten wartawan.
4. Kagungan SIM C.
5. Yuswa paling sepuh 25 taun.
6. Sehat sareng gaduh watek ulet, teu ceehan.
7. Ngajengkeun lamaran via email ka [email protected], kalayan 
ngalampirkeun CV oge pasfoto sareng conto artikel nu kantos diserat. Paling 
elat lamaran tos katampi ping 23 Maret 2011.
8. Kangge saheulaanan, pamilon diwatesan maksimal 5 (lima) urang.

Hak Pamilon :
- Kenging uang saku.

Metode Pelatihan :
- Praktek langsung/magang. Di antawisna di majalah Trust, AND, sareng situs 
warta nu khusus disiapkeun kangge ieu program: reksanews.com.

Hatur nuhun. 


Pangbaktos ka sadayana,


Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke