Geus rek sapok-pokeun nanyakeun istilah "ngahuntu bajing", ngan kapiheulaan
ku Mh :) (sabenerna mah ngadagoan Mh da ceuk ijiran teh Mh tangtu nanyakeun
oge, dasar pamalesan yeuh si kuring).

Seja nambahan pananya, soal anggota badan anu sok dijadikeun babasan, lian
ti istilah "ngahuntu bajing" (anggota awak bajing anu ieu mah), aya oge
"gantung tikoro" jeung "gantung denge". Saha eh...naon deui nya anu sok
"digantung"?.

Aeh, mangga, huntu bajing anu ngagantung heula diguar. Tangtuna pangersa
abah Abdurrohman M. Sastra ([email protected]) kasepuhan anu ngaguarna.
Dihaturanan abah (kanggo proyek "geosunda" abdi ngiringan).

manar



2011/3/19 Ki Hasan <[email protected]>

>
>
> Kabengbat ku "Wanci Ngahuntu Bajing", Cing Bah Oman rada diguar lah, nu
> jiga kumaha eta wanci teh. Sakalian we, rada guar sing teleb tah, perkara
> astronomi warisan para karuhun teh.
>
>
> 2011/3/19 <[email protected]>
>
>>
>>
>> He..he...wayah kumaha wae namina wayah...pami rada lengle...wayahna..! Anu
>> jelas saur ilmuwan mah tingali posisi bulan.. Mun bulan keur di kalereun
>> garis khatulistiwa, eta bagian urang kaler kaoyag ku daya tarikna...mun keur
>> di kiduleun khatulistiwa tah bagian urang kidul...kaasup Nusantara...
>> Tangarana tingali wanci anu ngahuntu bajing....cenah kitu saur sepuh...
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>>
>
>
>  
>

Kirim email ke