Taun tujuh puluhan kakara boga bati hiji umur opat taun. Keur meujeuhna kembang buruan katambah mani celembeng.Sagala ditanyakeun sagala hayang nyaho cacakan budak lalaki. Lamun pareng aya jawaban nu teu nyugemakeun sok tuluy ngudag2 tepi ka bubuk leutikna. Ningal sikep "hayang nyaho" pun anak nu sakitu gedena atuh kuring kacida pisan bungahna,kapan cenah sikap ilmiah oge mimitina mah tina "sikep hayang nyaho". Ngan orokaya mindeng kateter kudu kumaha mere jawaban anu luyu jeung umurna. Kuring sadar kudu nerapkeun atikan nu pinuh ku sikep jujur teh ti mangsa budak.
Mun pareng dibawa nyaba ka kota - ka Bandung - boh kana motor boh kana mobil,sapanjang perjalanan teh tara repeh. Ngobrol teu asa jeung budak,komo basa geus mimiti sakola mah ka SD umur lima taun. Rambu patali marga geus apal naon maksudna,kitu deui kana lampu setopan. Hiji mangsa kuring nampa ondangan ti nu jadi adi di Jakarta. Atuh asa manggih jalan pikeun nyaba rada jauh sakalian piknik. Sapiri umpi dikerid kaasup nini-akina pun anak, he..he..he... Rancana geus disiapkeun. Indit teh ngaharib-harib ka tengah peuting,ngarah nyalse di jalan bari tiis dina kendaraan. Kituna mah munasabah pisan atuda jalan ka Jakarta teh kudu ngaliwatan tengah kota Bandung,da can aya jalan tol kitu deui "by pass",katambah-tambah mobilna oge teu make AC tapi ku AG, angin nu ngagelebug tea ku jalan muka jandela. Cileunyi geus kaliwat, Cibiru, Ujungberung tuluy Cicaheum dikeureuyeuh bari ngarayap. Lain ku macet ngan mobilna bae teu bisa lumpat oge aya rambu nu netelakeun max 40 km/jam di jero kota. Najan teu rajeg polantas nu nalingakeun tapi aturan teh dipake. Jauh pisan jeun kaayaan kiwari. Tengah peuting kakara tepi di tengah kota. Simpang lima (harita mah nelahna teh parapatan lima) geus kaliwat. Pas di parapatan Lengkong Besar juru Hotel Preanger lampu setopan beureum,kaayaan sepi boh mobil boh motor kitu deui ti kenca katuhueun. Lulumayanan ceuk pikir teh keun bae da aman moal picilikaeun lamun teu eureun nungguan lampu setopan jadi hejo oge. Noyod bae lampu beureum teu dipalire. " Pa... stop ...stop. Eureun pa .... kapan beureum !", ti gigireun si cikal ngagorowok. Sugan teh tibra singhoreng tanghi keneh. Teu kungsi eureun da geus kagok aya di tengah,kapaksa bae dituluykeun, eureun-eureun memeh Hotel Homan da nu nitah eureun teu repeh,bari nganaha-naha. Sakumaha tadi dicaritakeun pun anak teh estuning kritis. Nu jadi bapa tuluy diinterogasi. Teu wasa ari kudu ngabohong najan ka budak leutik,bisi jadi mamala kapaksa terus terang bari mere alesan da kaayaan keur simpe,jadi aman. Tapi keukeuh teu narima. Sajajalan tepi ka Jakarta teu repeh, antukna kuring teu bisa menge. Rumasa teu nurut kana aturan. Sihoreng simanahoreng guru kuring nu jujur nurut kana aturan teh geuning anak sorangan, budak leutik. Alhamdulillah "Ki Guru Leutik" geus dewasa boga anak rabi. Inyana bisa ngatik ngadidik,dirina anak rabina,adi-adina kitu deui lingkunganana,ngabantuan nu jadi kolotna. Mugia satuluyna aya dina panangtayungan jeung pituduh Allah Swt. Amin.
