PBKS kiriman Teh Roro <[email protected]> ====
Katel Aheng ti Nagri Ginseng "Alim pokona mah Ambu hoyong katel nu dina kardusna aya gambaran Neng Salmah! Da saur na tipi ge kitu, pami teu aya gambar Neng Salmah-an mah palsu!" ceuk batur kuring bari pepeta. Manehna ngadongeng yen ngarasa handeueul pedah geus meuli katel nu sarua jeung iklan dina tipi tapi euweuh gambaran artis eta. Tadina eta katel teh keur kado milangkala indungna, nya kapaksa we meuli deui nu aya gambaran mojang geulis buit Sukabumi tea. Korban iklan. Teu disebut kitu kumaha? da mani asa resep tuda ningali demo masak dina tipi mah. Ningali masak lauk mani tereh, jaba teu kudu sieun asak sabeulah, kari malikkeun katel da aya gagangan. Heug deuih basa dagingna dicolok sina nyulikat ku garpuh katingali siga nu pungkil pisan. Ngoseng sayur ge ngan sakerejep. Komo masak kueh mah mani tereh jeung teu tutung luhurna. Alusna, minyak nu dipake ngan saeutik pisan kira-kira opat sendok paragi dahar. Kuring ge ngilu kataji, da boga indung kasawat kolesterol sigana cocog jang masak keur anjeunna. "Kumaha? Janten maleser teh? sok atuh geura milarian baturna!" ceuk batur kuring nu hobi masak jadi luluguna. Nya puguh paboro-boro neangan batur da meuli dua haratis hiji, jadi tiluan-tiluan. Katel aheng nu asalna ti nagri ginseng ieu aya dua rupa, nu gede kelirna beureum bata jeung nu leutik kelirna beureum cabe. Bahanna tina keramik nu dilapis ku teflon, lumayan rada beurat oge. Mun ngagongseng kudu make cungkir nu dijieun tina kai, da mun make tinu bahan beusi atawa seng matak bared jadi ngaruksak kana teflonna. Dadak saharita kuring jeung babaturan jadi boga hobi ngumpulkeun jeung silih tukeur resep masakan. Nu dijieun biasana resep nu babari, kayaning bolu ketan hideung, bolu gulung, martabak, oseng-oseng, ungkeb hayam jrrd. Unggal poe sok aya we nu mawa hasilna ka pakulian. Kuehna dipotongan laleutik, silih asaan, silih papatahan kurang itu kurang ieu. Poe Minggu kamari kuring ngajaran nyieun martabak amis, hayang nyaho we enya kitu babari masak ku katel aheng teh? "Wah, Wawa meser katel aheng nu aya dina tipi!" ceuk alo kuring bari surak. Manehna ge resepeun pisan kana eta iklan, harita langsung milu masak. Kocok endog, galokeun tarigu, aci jeung bahan-bahan kueh sejenna, dicain saeutik. Cicingkeun bari dituruban ku lawon meh beukah. Geus sabaraha lila tuluy dibeuleum dina si katel aheng nu dipanaskeun heula dina seuneu nu enyay-enyayan. Samenit, dua menit, tilu menit nepi ka sapuluh menit si katel dibuka, martabak geus mimiti ngabeukahan. Ku kuring dipurulukan gula bodas, susu, tuluy parudan kiju, turubkeun deui. Teu sabaraha lila dibuka deui, tapi naha jiga nu atah keneh? Ah, seuneuna leutik teuing meureun, laju digedean. Teu lilla dibuka, ngajaran dibalikkeun saeutik ku cungkir"¦ eh, enya we mani koneng. Alus euy! Heuheu"¦ bisaan uing"¦(muji maneh). Cik, ngajaran dikoet saeutik bah tengahna, eh naha teu malolongo siga martabak nu sok didagangkeun? Wah, boa-boa salah resep ieu mah. Martabak ngajaran dibalikkeun, kalahka meotan. Kuring ngahuleng, da martabak amis mah asa tara dibalikkeun? Waduh! Kalahka beuki pakujut" "Sok jait we atuh.. heuheu.."indung kuring kalahka nyeungseurikeun. Martabak teh diasaan, lumayan oge rasana mah, ngan rupana jadi teu puguh rua. Kabeh nu di imah milu ngasaan bari saleuseurian. "Keun bae, ieu mah itung-itung we piceuneun, geus ngaduakalian nyieun mah sugan beuki alus jadi bikeuneun. Mun mindeng mah jadi beuki alus, tah kakarek jualeun", ceuk indung kuring ngahibur. Isukna kuring ngomong ka babaturan nu mere resep "Ah, sigana mah resepna salah meureun atawa katelna nu goreng kitu?" ceuk kuring rada nyureng. "Hayang sakali masak langsung alus? teu tutung? Tereh hipu? teu ku kudu make resep? Saha we ge bisaeun jeung babari nyieunna" ceuk manehna. "Sok... masak naeun kitu?" ceuk kuring panasaran. "Ciherang!" ceuk manehna bari nyengir.
