Teraskeun bah. panasaran.

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Wednesday, March 23, 2011 10:54 AM
To: kisunda; urangsunda
Cc: niayani mulyani; Nandang Kusnalaya; Nurkadi
Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka - 7

 

  


Ku margi Resi Abiyasa atanapi Krishna Dwipayana getol tirakat; dugi ka mulan
malen tirakatna; anjeunna dipasihan wewenang ku Nu Maha Kaw asa masihan
atawa ngawiridkeun Elmu panenjo Jauh ka saha wae nu dituju. Tah nya ieu
Bagawan Abiayasa masihkeeun ka
hiji Mantri Kapercayan Raja Dristharastra, nya eta Sanjaya. Nepi ka Sanjaya
tiasa ningali naon wae kaayaan Kurusetra; boh kaayaan Perang boh obrolan
Para Prajurit; kitu deui sidang Perang nu digelar ti dua pihakanana.

Basa Perang mimiti prung Prabu Dristarastra kacida pogot sareng bingahna,
lantaran Pandawa kawon perangna; mus mus keprok, mus mus keprok. Malah teras
komentar :"Sigana mah Sanjaya, perang teh moal lila nya ? Tangtu anak2 Kami
bakal unggul; tangtu Pandawa serah bongkokan."

Sanjaya ngawalon:"Teu acan tangtos Gusti Prabu; poe nu kahiji kapan Arjuna
mah sama sakali teu milu perang; cicing we pang tukangna, tuh geuning ayeuna
sidang perang di kemah Pandawa."

Dristharastra:"Tah, tah, tah........... sok tempo sing taliti, kumaha cenah
?"

Sanjaya:"Tah Pangeran Yudhistira ngusulkeun ngalirenan perang."

Dristharastra:"Weladalah............... enya tah, Yudhistira mah da
pikiranana teh lempeng wae; teu cara SI BHIMA nu goreng sopak; eta mah sirik
pidsik wae....................."

Sanjaya:"Tah dibantah ku Kresna sareng Satyaki, disokong ku BhimaSena."

Dristharastra:"Tah enya eta si Kresna, kunaon pikirananana teh ngeres2
teuing; can ngajaran manehnana boga hate bersih; cing atuh kuduna mah
ngakurkeun duduluran; caram perang ; komo ieu mah perang jeung dulur."

Sanjaya:"Tah ayeuna Pangeran Arjuna nu biantara."

Dristharastra:"Tah tah tah; enya tah, kumaha cenah cek ki Arjuna; bageur ieu
mah, enya kasep tong daek nurutkeun jalma2 lieur nu hayang
perang................. "

Sanjaya:"Tah saur Pangeran Arjuna enjing mah anjeunna bakal turun ka
palagan."

Dristharastra:"Adduuuh Sanjaya, kunaon Ki Arjuna ayeuna mah jadi milu bedang
? Moal salah kapangaruhan ku Si Kresna tah Arjuna teh; cing atuh sadar salah
sahijieun mah."

Sanjaya:"Tah ayeuna perang poe kadua tos ngawitan. Uluh eta Arjuna ti na
karetana mentang2keun jamparing; ............. aduuuh mani ratusan prajurit
Kurawa/Astina tariwas keuna jamparing Dananjaya............."

Dristharastra:"Aduh Sanjaya, aduh Sanjaya, kumaha eta si arjuna amuk2an
diantep kitu ? mana Paman Bhisma ?"

Sanjaya:"Bhisma Dewa Brata teu yasa maju ngahalangan Arjuna, ku margi
dihalangan ku rebuan Pahlawan Pandawa nu ngepung; aduh tuh ayeuna mah seueur
pahlawan astina nu nyoba2 ngahalangan Arjuna; tapi ngan sakeak sakeak
dipanah nepi ka marati ku panahna Arjuna."

Drestharastra:"Wah enyaan Arjuna, teu ngingetkeun deui duduluran...........
aduh kumaha anak2 Kaula ? Suyudhana cek ama oge ulah gagabah ngalawan ka
Pandawa; tah pan kieu balukarna. Pajar hidep ama tenang wae Pasti Pandawa
moal wanieun ngalawan Perang lantaran di urang aya Bhisma, Drona, Salya,
Krepa, Karna, Aswatamma. Tapi ayeuna mana buktina ?"

Sanjaya:"Para prajurit Astina ting koceak, pajarkeun moal aya nu bisa
ngahalangan ketakna Arjuna."

Sanjaya deui:"Tah ayeuna perang lekasan , Ingkang Putra Pangeran Duryodhana
ngaweweleh ka Gusti Bhisma, tapi teu diwaleran; sabalikna tuh di kemah
Pandawa Arjuna diparuji ku sadaya; pajarkeun Kurawa bakal carem moal lila
deui."

Sanjaya:"Tah ayeuna perang poe katilu; wah pasukan Gatotkacha ti
Pringgandhani ngaramuk, teu yasa aya nu ngahalangan. Wah gararesit pisan;
komo si Gatotkacha mah; sakali nglengkah jeung ngajleng teh ibarat MANUK
hiber we; saha wae nu deukeut tinangtu binasana. Jeung aya ku sakti eta Si
Gatotkacha teh tina bahamna wae bisa ngaluarkeun seuneu nu bakal ngaduruk
Balad Kurawa; kitu deui tina leungeunna eta kalaluar panah2 melesat
ngabinasakeun pasukan Kurawa. Tuh pasukan pringgandhani memang garagah; teu
aya nu bisa ngalawan, sadaya sami mundur ketawuran. Tah ayeuna Bhagadatta ti
Trajutisna maju. Aduh rame silih gebug antara Baghadatta lawan Gatotkacha;
sarua pada saktina. ( Bhagadatta = Bomantara ). Wah duanana teu aya nu asor;
pasukanana oge sarua pada2 warani; ayeuna mah katahan tah pasukan Gatotkacha
teh. Wah Pangeran Arjuna tos perang silih panah sareng Resi Bhisma. Wah
sami2 hebatna. Wah akhirna perang eureun lantaran panonpoe tos surup."

Giliran nyarioskeun perang poe ka lima nu 8 putra Dristharastra tiwas; Prabu
Drestharastra mani kekerot; nyel ambek ka Bhima.

Dristharastra:"Aeh sia Bhima, lenokeun tetelo; nyata sampeyan teu aya
kanyaah pisan ka dulur ? Enyaan maneh mah rek meakeun anak2 aing?"

Sanjaya:"Ke ke ke Gusti Prabu; ieu mah nuju Perang; teu aya dulur atanapi
baraya."

Dristharastra:"Enya; tapi itu anak Kaula 8 urang mani ngan sakilat pisan
leis ku si Bhima."

Sanjaya:"Kapan eta mah lepat Gusti, naha atuh teu ngawagel ka Putra Gusti ?
kapan Pandawa mah pasrah we ngan ukur 5 Desa oge. Naha Gusti satuju kana
Perang Bharata Yudha ?"

Dristharastra:" atuda si Suyudhana pajarkeun teh moal wanieun perang cenah
Pandawa teh; moal wanieun; pek we sababaraha kali mentana oge pan
dikuranngan terus; pan eta hartina sieun? Kitu tah omongan anak kami
Suyudhana teh. Emh deudeuh teuing; kumaha Tanggung jawab Kaula lamun engke
mayunan Eyang Santanu; sareng Pandu ?"

Sanjaya:" ..................??????????????????


Can tamat; duka diteraskeun duka henteu

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke