Satyaki tos pasanggrok sareng Duryodhana; Duryodhana enggal masihan para
pahlawanna nyerang Satyaki; tapi Satyaki nyata tanggoh pisan; sadayana Pahlawan
nu ngahalangan anjeunna sadayana tiwas; orokaya panah ampir ledis; keur kitu
teh jol "Satru bubuyutan" nya eta Prabu Burisrawa; duanana memeh peraang, silih
carekan heula laklak dasar; nya teras silih panah. Dina ieu peperangan nyata
Satyaki kadeseh; mundur terus; tapi teu dibere kasempetan ku Burisrawa; atuh
Satyaki ripuh pisan; meh2an tiwas. Enggal para Putra Satyaki nu jumlahna
sapuluh nyerang ka Burisrawa; Satyaki istirahat bari ngempelkeeun senjata deui
( jamparing nu tos seep ).
Diserang ku sapuluh rumaja Putra/Pamuda; Buristiwa teu inggis teu sieun; malah
beuki tam bah tanggoh; hij putra Satyaki paraagat ngemasi pati. Satyaki
kalintang sedihna ningal para putrana sadayana gugur, ngabela anjeunna; teu
antaparah deui serebet wae karetana ditabrakkeun ka na kareta perang Burisrawa;
atuh duanana tibaranting niban lemah; Satyaki mesat pedang, kitu dei Burisrawa;
duanana tos siapa bade tarung patutunggalan ngadukeun karosan dina maen anggar;
kalereesan Bhima nu mimim pasukan nyaketan kadinya ningal Satyaki bade ngadu
pedang sareng Burisrawa enggal anjeunna menatangkeun panah ka Burisrawa; atuh
Burisrawa mundur ti na palagan; saterasna Bhima nyamber Satyaki dicalikkeun di
na karetana teras diajak mundur; margi Bhima teu tega ningal Satyaki perang
tanding sareng Burisrawa; lantaran Burisrawa tos kasohor KAMPIUN di na Ulin
Pedang/Anggar.
Disabeulah dituna Drona nuju ngadesek Srikandhi; dugi ka Srikandhi mundur ti na
pangperangan teu kiat ngalawan Drona nu jago panah.
Demi Arjuna terus tambah rosa pangamukna lir ibarat nyacaran jukut; prajurit2
Kurawa tariwas kakeunaan panah Ajuna; satiap Pahlawan nu dikirim ku Doryodhana
sadaya teu mangga pulia; disikat sadayana. Akhirna panonpoe surup; perang
dilirenan. Balatentara Pandawa langsung cocorowokan: Hidup Arjuna sababara
kali; waktosna kareta Arjuna ngaliwatan para pasukan Pandawa nu baralik ti
pangperangan.
Di Kemah Astina; Duryodhana langsung nyaketan Bhisma:"Eyang nu disembah ku
sadaya; anjeun teh pahlawan "Panghebatna" diantara Pahlawan2 Agung sanesna
saperti Resi Drona; Kripa; Aswatamma; Sudhaksina; Burisrawa, Salya jeung
Bhagadatta; tapi kunaok unggal poe anak2 Kunthi terus2an meunang wae perangna.
Dimana nya kaanehan nana ieu kajadian teh ?"
"Paneran Duryodhana; di na satiap kasempetan eyang sering ngawejang ka hidep,
supaya ulah ngamusuhan Pandawa nu dibela Krishna Narayana; saha nu bisa
ngelehkeun Narayana? Tapi saenyana ayeuana ge can telat, sok gancang
hahampuraan jeun para kadangg Pandawa; tangtu anjeun salamet."
Duryodhana terus we ngaleos teu ngawaro nasehat Bhisma Dewabrata.
Waktu Sanjaya ngalapokeun nu ieu; sajongjonan Sang prabu melengek; teras akhina
sasauran:"Naon atuh gawena eta Resi Drona, Bhisma , Salya jeung Aswataamma ? ku
naon bet ngantep wae ? Naon atuh karep maranehhna teh? Emh deudeuh Duryodhana,
euweuh nu ngabela."
"sanes kitu Gusti Prabu; tapi yakin Pandawa ge hareabat; sanes wae Arjuna
wungkel; malah pamudana nya eta Gatotkacha sareng Abimanyu sakitu hebatna."
Sanjaya ngajelaskeun kanyataan nu saleresna ka Prabu Dritharastra.
Hanca