hehehe, meureun ti dieu lalakonna nya, babasan "tinggaleun kareta" teh.

enya puguh ge, cenah hayang ngahangkeutkeun pariwisata, geuning sakitu
pahibutna antar instansi teh.

2011/4/1 setiadi_rs <[email protected]>

>
>
> Tah di nagri urang mah sok kitu. Cenah dinas pariwisata Cianjur rek
> ngayakeun kareta api wisata, malah pembukaan jalur geus derr bari diluluguan
> ku wagub sagala. Mantak reugreug. Naaa atuh ceuk nu boga kareta, kami
> menyambut baik program tersebut, tapi belum ada pembicaraan pasti mengenai
> program kereta wisata tersebut. Mani asa ticengklak jajantung, ku teu
> paregeh kitu ceng! Boro mah geus atoh rek ulin ka gunung Padang bari tumpak
> kareta wisata, kacipta resepna. Ari can puguh mah wios bedo. Najan jalur
> kareta geus dibuka deui, tapi ari ukur keur layanan rutin mah ... wios bade
> diemutan heula. Kapok! Inget basa ti heula nganteur mhs KKN ka Lampegan.
> Inditkeun mah resep, najan kareta loba ngarandeg, teu mantak hariwang da
> loba hiburan, loba tempoeun. Ngan lebah balikna. Tepi ka Lampegan kuring
> turun nuturkeun barudak mhs, leumpang ka imah lurah, lumayan rada jauh.
> Reres papasrahan ka Ki Lurah, kuring gancang balik ka pos kareta, maksud mah
> rek mulang ka Bandung tumpak kareta deui nu balikeun ti Sukabumi. Rada lila
> ngajanteng di pos teh bari lalajo barudak nu anteng arulin dina rel,
> sisirigan. Sanggeus karasa kesel kuring naya kanu pareng liwat hareupeun.
> Jawabna teh:"Rupina mah parantos ngalangkung, tadi kinten sa-jam-an". Euh...
> wios bade ngantos nu salajengna bae, pok teh pondok. Nu diajak ngomong
> ngadadak kerung bari mencrong. Kuring dadak sakala teu puguh rasa diteuteup
> ku nu semu karunya bari hayang seuri. Sakedapan manehna ngahuleng, teu lila
> tuluy tatanya kuring ti mana jeung aya perlu naon ka dinya. Paingan atuh
> paingan, horeng omongan kuring tadi teh dina pikir manehna sarua jeung "Keun
> bae rek sare di pos we nungguan poe isuk sugan aya kareta liwat!'
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > *Cianjur Buka Jalur Kereta Wisata*
>
> > Rabu, 30 Maret 2011 | 16:05 WIB
> >
> > *CIANJUR, KOMPAS.com* - Dinas Pariwisata Kabupaten Cianjur, Jabar, Selasa
> > (29/3/2011) melakukan "One Day Tour," sebagai tanda dibukanya akses untuk
> > jalur kereta wisata dengan mengunjungi megalitikum, Situs Gunung Padang.
> >
> > Tour perdana tersebut dihadiri Wakil Gubernur Jabar Dede Yusuf,
> didampingi
> > unsur Muspida Cianjur, Kapolres Cianjur, Dandim Cianjur, Kejari Cianjur,
> > Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Cianjur dan beberapa tamu undangan.
> >
> > Rombongan yang berangkat dengan kereta api itu, mendatangi Situs Gunung
> > Padang, berangkat dari Stasiun Kereta Api Cianjur menuju Stasiun Lampegan
> > yang memakan waktu setengah jam. Tour tersebut sekaligus mencoba jalur
> > Bandung-Cianjur yang baru diperbaiki. Dimana jalur kereta api tersebut
> > sempat terputus akibat gempa beberapa waktu lalu.
> >
> > Kepala Daops II PT KAI Hendratno Adji menyambut baik kegiatan yang
> dilakukan
> > Dinas Pariwisata Cianjur. Menurut dia, PT KAI hanya sebagai penyedia
> sarana
> > sedangkan kegiatan diserahkan ke dinas terkait.
> >
> > Ia menuturkan, pihaknya dengan dinas terkait di Cianjur belum ada
> > pembicaraan pasti akan program kereta wisata tersebut.
> >
> > "Kami siap apabila ada permintaan untuk menjalankan kereta wisata dengan
> > tujuan ke objek wisata di kawasan Cianjur. Sampai saat ini, bagaimana
> > program ke depan, kami belum tahu. Sebab belum ada pembicaraan serius
> dengan
> > pihak dinas pariwisata," katanya.
> >
> > Dalam kegiatan tersebut, pihak PT KAI hanya menyediakan kereta wisata.
> > Sedangkan untuk penyediaan kereta wisata khusus di kawasan Cianjur hingga
> > saat ini belum ada. "Secara khusus kami belum menyiapkan keretanya, tapi
> > kalau ada permintaan baru kita siapkan, disesuaikan dengan kebutuhan,"
> > katanya.
> >
> > Hal senada terucap dari Wakil Gubernur Jabar Dede Yusuf. Dia mengatakan,
> > jika pembicaraan mengenai pengadaan kereta wisata, masih dalam tahap
> > perumusan. Saat ini, pihaknya tengah fokus pada pembahasan soal payung
> > hukumnya.
> >
> > "Banyak tempat wisata di Jabar, yang potensial tapi justu lebih mudah
> untuk
> > dicapai dengan mengunakan kereta api. Sehingga tour ini, bertujuan untuk
> > itu, namun memang, belum ada pembahasan lebih lanjut," katanya.
> >
> > *Dapatkan artikel ini di URL:*
> >
> http://www.kompas.com/read/xml/2011/03/30/1605073/Cianjur.Buka.Jalur.Kereta.Wisata
> >
>
>

Kirim email ke