Mun nitenan padungdengan di milis atawa koran, sok remen adu renyom nu harayang ninggali aya urang Sunda jadi pamingpin di tingkat nasional. Ngan wae nepi ka kiwari, can katoong aya kalangkang-kalangkangna acan. Naha peda urang Sunda boga jurus "nyumput buni di nu caang" kitu? Duka teuing. Naha kira-kirana eta jurus teh ampuh kitu.
Mun ngulayaban ka jagat maya, geuning batur mah geus taki-taki ti ayeuna, toong we geura diantarana aya Marwah Daud Ibrahim, nu boga program "Nusantara Jaya 2045". Marwah ngulincer ngurilingan Nusantara mikawanoh sentra-sentra industri rakyat. Sarta teu kaliwat kagiatanana dipublikasikeun di jagat maya. Toong we geura di http://marwahdaud.multiply.com/ atawa di kanal YouTube http://www.youtube.com/user/nusantarajaya2045. Boa-boa jurus "batur erek, urang enggeus" teh kalah jadi "batur erek, urang encan" nya?
