Rampesss.... Hade jeung panuju pisan tah ku alpukahna kang Oca, simkuring ngarojong jeung ngadungakeun sing bisa ngabukur eta acara teh, Eta bukti pok-pek-prak teh. Jadi teu ngan sakadar ngadu bako, tapi mgalaksanakeun eusi Urang GAwean tea, mung jigana lain September 2010 tapi September 2011 lin.
Prung ah. Cag. pun Engkus --- Pada Sel, 5/4/11, Roza R. Mintaredja <[email protected]> menulis: Dari: Roza R. Mintaredja <[email protected]> Judul: Re: Tarucing ==> [kisunda] JaKa Erek, Urang Encan - Nusantara Jaya 2045? Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 5 April, 2011, 11:39 PM hi33x!meni jeung hate piiisan mang h mah, ngimpleng murelengna ka u.s. teh,mangga atuh, hadiahna dituang nyalira, (kacipta weureu ku uga.)lamun parinsip uga, u-rusan g-usti a-lah mah, bisa wae kitu balukarna tapi mun kirata na u-rang ga-wean mah, moal kitu-kitu teuin atuhbarayaaaa.................................................................................................mangkahade, lain caricing kolot urg baheula jeung barudak kiwari teh ku uin dititenan, geunin.....aya keneh anu nguniang, malah ayeuna nambahan kumaha malotekarna barudak u.sngan masalahna, di widang politik wungkul anu can kataekan tehminim pisan, aya oge saurang dua urang, ngan hanjakalna 'kabawa hawa' nuansa politik kiwari hanteu tahan, deuk ngalawan arus anu sakitu kuatnahanteu ciga, si 'jalak harupat'na otista, vokalpertanyaan klisena 'naha manan kitu'?baraya................. naha pada aruninga, yen baheula, dk rewuan u.s boh tokoh informal oge nu formal abiiz beak di'bantai'na ku 'musuh' sacara misterius ??? (teu kudu dipikiran ku saha2na)uin boga daftar korban ti sagala lini, dina buku'hitam'na, ngaran papagon. kumaha puluhan rewu lontar dikampung-kampung dititah didarurukansawareh mah teu kolu , di kubur wungkul,... nya angger, musnah(sawareh).budaya sunda lolobana mangrupa budaya lisan wungkul??? 90% lontar sunda di perpustakaan nas, can ka terjemahkeun, sataun ngan sajudul, seuseut seuat,... dihajajadi ku alpukahna kitu, kolot urg baheula pada ngarandeg/pause, sabab teu kaop pokal saeutik, lol jebot tea. laju nyarrumput beh, gerakan bawah tanahna diantarana dijieun/diteundeun dina tembang, kawih anu ngageurisawareh dina tulisan make aksara pegon, nyusun peperenian teh, diselipan ku ayat-ayat qur'an ngarah ciga guaran agama, padahal tengahna mah mangrupa jangjawokan asli sunda.aya keneh kiwari ge anu asli, tapi moal waka muncul, waspada ku ka ayaaneta anu nu disebut u.s 'nyumput buni dinu caang' teh. tingali candi2 buhun, makuta2 emas, kiwari bermunculan di wewengkon jabar (sawareh di tutup deui....., bisi miheulaan wayah!)bakal ngarubah sajarah tah!nyieun partey politik kasundaan, anu asup- di korsi dpr ngan sa urang (GERPIS) u.s di dprd jabar kiwari ngan 10%, eta gen kasebutna we u.s tapi lolobana hanteu nyarunda deuihayeuna aya jendral2 anu nyieun gerakan penyadaran kana pancasila sacara kontekstual.uin saparakanca nyieun formmass(1999), bammus(2009) diparoyokan, lain dibantuan, sakitu seuseut seuatna deuk nyiptakeun 'musuh' bersama? saha atuh anu kudu dilawan teh?tingali si amburicha kukumpul data sajarah, teu dibere terbit ku oknum pamarentah, teu meunang sunda muncul(apan kauninga nyalira, wireh naskah2 nusantara di cirebon, ku alpukahna pangeran wangsakerta, dianggap palsu ku pusat!). nya kapaksa si ambu neangan kaluar, nu daek nerbitkeun, dimana? ...malaysia!tong nyalahkeun, data2 sajarah urang aya di nagara deungeun.eta data lan faktana kiiitu, kaulanun. hampura mang h,uin lain rek nyieun argumentasi anu sakadar ngeles/menghindar ti kamandang salirasacara faktual menunjukkan yen, kondisi sangat tidak memungkinkan untuk 'hudang' sacara walagri komo kiwari, jaman beuki weritna (keur 90% rakyat!)keur sadahareun oge beuki hese, alam jeung politikna keur teu bersahabat.geus teu wayah, urang silih salahkeun, silih gorengkeun, komo silih tuarrrrrrr hayu urg silih benerkeun, rempug jukung, sabilulungan, gotong royong keur... bertahan hirup heula.!baraya................................................aya saeutik bewara;september 2010, di ged. merdeka bdg. rek diayakeun seminar nasional anu tema na "menggali kearifan lokal sbg cerminan nilai2 luhur budaya bangsadalam membangun budi pekerti di masy. era global"alpukahna saparakanca, seminar, salaku launching keur nyieun buku budi pekerti berbasis budaya lokal pemrakarsana ku yayasan 'gelora budipekerti nusantara' kabeneran uin kapilih, jadi ketua nasulukna;elmu luhung kasakti diri, elmu panemu jampe pamake.geus loba mata pelajaran agama mah, tapi kurang matih, sabab hanteu membumi, hanteu katewak nuansa lokalna sa nusantara geus wayah, bangkit dumasar ku budi pekerti manusa, berbasis budayana..sasaran/goals na, pakkeun generasi ngora,........... nya keur saha deui atuh?sasieureun alpukah dina meakkeun sesa umur, ngan sakadar melak, sugan ka puluk buahna isuk jaganing geto. geus wayah, barudak dipasang 'chip budaya lokal' dina jiwa jeung otak na.ieu mangrupa salah sahiji tarekah keur counter culture .budaya bangsa2 sanusantara geus di cacag di walang-walang ku alpukah penetrasi budaya luar, anu sakitu mahabu na! geus teu katahan !!!! beurat jasa!dana na geus disadiakeun, tapi lain ti apbn atw apbd. lain, pokona.... ada ajah.pelajaran budi pekerti geus euweuh dikieuna ti taun 70'an, beak ku mata pelajaran anu teu puguh ancoanana sasaran buku, keur barudak di level; tk, sd, smp dk sma sa jabar, penyajianna, sacara 'comic strip', carita pelajaran make ilustrasi gambar, ah komik we kumaha lah.oge paketna, nyieun kursus pelatihanna keur calon tenaga pengajar. gawe barengna jeung lemhanas, diknas, budpar, jg sababaraha tokoh pendidikan jeung sejenna nu terkaiteta anu ahengna ,pasualan duit keur nyitak geus disadiakeun, tinggal eusi materina kumaha?tibalik pan? tim penyusunna kudu handal, mimitina keur di jabar salaku model awal, bakal di teruskeun sa nusantara.barayaaaaa...........................................................ah,....usaha kudu, hasil can tangtu......kitu meureun. sugan, muga pareng....muga gusti nangtayungan, lan karrrruhun marengan. cag! hn*R3M 2011/4/5 Ki Hasan <[email protected]> Teu aya nu bisa neguh jigana. Kieu bedana teh: Manusa eropa jigana jaga bakal jiga alien nu boga UFO, panonna jadi maranjangan nongtot bolotot kaluar, alatan loba teuing molototan angka, aksara, oge jagat raya. Kitu deui ceulina bakal rarebing maranjangan, balas loba teuing ngintip beja ti sajagat. Sedengkeun urang Sunda jigana nu bakal maranjangan, bakal ngalebaran teh lain panon jeung ceulina, tapi gadona bakal ngagarayot maranjangan, balas lila teuing lunga-lengo ngalangeu nungguan wayahna datang ugana. Kumaha tah Bah Oza? 2011/4/5 Roza R. Mintaredja <[email protected]> ha33x!keur mah cape mikiranu meunang malah digawean kudu maca ugapadahal UGA teh, kiratana tina UrangGAwean 2011/4/4 Ki Hasan <[email protected]> Cing Bah Oza, oge baraya, uing boga tarucing, pangneguhkeun. Naon bedana antara urang Sunda jaga, 100 taun ka hareup, jeung urang Eropa? Hayoh, tarucing berhadiah, nu bisa neguh, hadiahna maca uga tilu kali sewang. 2011/4/4 Roza R. Mintaredja <[email protected]> wah, bangsa sanada (sunda) mah can wayah tandang kang,wayahna rada sabar kang , ada saatnya..... jangan cangcaya jalmana can waka tandang, can waka calangap dan matanya can cahayaan. ngan bangsa sanada yang hayang mapag padjadjaran anyar mah kayaknya ada aja kayaknya banyak yang daftar, ngan sarat can pas ajah.sabab sanada na jangan sanada jawa barat sajasanada yang rada badag dan sanada kaga badag (sunda besar, sunda kecil), wawasan kabangsaan, wawasan mancanagara masalah wawasan sanada jabar, kaga pas jang sakarang mahangkatna van sanada kana palsapah, palsapah yang lagawabanyak datang palsapah walanda, arab dan barat saja, ngan kaga pasdaya, rasa dan akal yang pas adalah yang hanya mamawa sa awak awak sabangsa dan nagara sayah sajah. jangan mamawa 'awak' dan wawasan mancanagara, bahaya!gawat, sabab masalahna kaga ka awakan sama awak awak yang sabangsadan jangan maksa maksa mamawa awak mancanagarapara PAJABAT sakarang ngan sakadar wayang sajah, dalangna van mancanagara nah, sadar kagak? hanjakalna yang sadar kagak banyak, kalah ngalawannyakapan jayana bangsa sanada yang sajajar sama mancanagara?akan datang mangsana!wayah datangna bancana yang badag, wayah datang kasawat kasawat badag, wayah mana baraya papada baraya pada garalak ngagalaksak hayang banyak hartaada baraya hayang ka anggap bakal kapala nagar na, padahal darahna kagak ada.ada baraya yang mayar sama banyak harta , agar ka angkat, padahal wawasan hanya pas-pasan sajah tah, ada yang nyambat, ada yang hayang kaga kabawa bancanabangsa sanada ada yang nyambat, dah kaga ada sabab dah angkat ka 'kawasan nagara anyar' (lebak cawene)jangan nyangka nyangka saha raja anyar, akan datang sacara ngadadak tanpa wawarta, pas na wayahna mah. nah baraya sadaya.........................mangga tatan tatan jang mapag padjadjaran anyarwaspada, lagawa na wawasan, dan banyak nganjang ka baraya barayajaga awak dan pakay wawasan sanada yang lagawa, ajak baraya yang sa warga agar kaga kabawa sakaba kaba bah, ada yang hayang maca majalah 'mapag jaman' nya kang ahmad? bah rahman mah apal saja, majalah yang bah rahman ajah yah?majalah 'mapag jaman' saya ada yang bawa, kaga wawarta, saha lah... rada alpa ngaranna cah ah!sakarang saya ngadapang sama nangakarak aja ah, wah, rada ba'al baham sayah, sabab banyak calangapnya. hahahaaaa..... van *rahmadjasa (maap kata, basa hanacaraka sayah rada acak-acakan, kaga apa yah?, asal pada paham saja kan?) 2011/4/4 MRachmat Rawyani <[email protected]> Hawar-hawar aya kabar katanya JK (JaKa) jaga hayang (jadi) kapala nagara. Kapan JK sabangsana Marwah (daud Ibrahim) jalma Makassar. Pasanganana CT (Chairul Tanjung). Ari calon ti Sunda saha? Duka atuh! mrachmatrawyani From: Ki Hasan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Fri, April 1, 2011 6:17:27 AM Subject: Re: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045? Mangga atuh Bah Oman, geura pedar eta buku teh. Kang Oca tong dibungkusan wae. Hehehe 2011/4/1 <[email protected]> Aya buku Mapag Zaman yasana Yus Ruslan Ahmad... Iraha jeung kudu kumaha ngawujudkeun cita cita Kisunda... Tah bukuna aya di Bah Oca....rameee tehPowered by Telkomsel BlackBerry®From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 1 Apr 2011 21:41:42 +0800To: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045? Mun nitenan padungdengan di milis atawa koran, sok remen adu renyom nu harayang ninggali aya urang Sunda jadi pamingpin di tingkat nasional. Ngan wae nepi ka kiwari, can katoong aya kalangkang-kalangkangna acan. Naha peda urang Sunda boga jurus "nyumput buni di nu caang" kitu? Duka teuing. Naha kira-kirana eta jurus teh ampuh kitu. Mun ngulayaban ka jagat maya, geuning batur mah geus taki-taki ti ayeuna, toong we geura diantarana aya Marwah Daud Ibrahim, nu boga program "Nusantara Jaya 2045". Marwah ngulincer ngurilingan Nusantara mikawanoh sentra-sentra industri rakyat. Sarta teu kaliwat kagiatanana dipublikasikeun di jagat maya. Toong we geura di http://marwahdaud.multiply.com/ atawa di kanal YouTube http://www.youtube.com/user/nusantarajaya2045. Boa-boa jurus "batur erek, urang enggeus" teh kalah jadi "batur erek, urang encan" nya?
