Ballista teh senjata samodel kumaha bah?

Lamun dinu carita Ramayana bhisma asa samodel jeung kumbakarna.  Jelema
bener cicing dinu tempat salah.  Jaman ayeuna oge rea jigana, tungtungna
anger paeh.

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Friday, April 08, 2011 10:46 AM
To: kisunda; urangsunda
Cc: Nurkadi; Sam Soemadipradja
Subject: [kisunda] Bharat Yudha ka - 17

 

  



Dina Perang poe kasapuluh, ku margi tos apal ka na kelemahan Bhisma ti telik
sandi; susunan Pasukan Pandawa diatur supaya Srikandhi sina misah ti
Pasukanana; tapi kudu teras caket sareng Arjuna. Pasukan Srikandhi digabung
sareng pasukan Pancala, nu dipimpin ku Prabu Drupada. 

Enggalna Arjuna tos ngamuk ka bala tentara Kurawa; kitu deui Bhima sareng
Gatotkacha di medan sanesna.   Enggal Bhisna maju jurit ngahalangan Permasi;
Drona ngahalangan Gatotkacha.

Pangamukna Arjuna estu matak gigis keur Pasukan Kurawa; ratusan pahlawan
sareng prajurit seueur nu binasa; ATUH ENGGALNA bHISMA MEGATAN pERMADI, GER
WAE PERANG RAGOT PISAN.

Keur kitu Srikandi rada nyaketan Arjuna; teras ngeceng rada lami ku BALISTA;
harita Bhisma pas nakis panah Arjuna; barang nakis barang belesat teh
balista Srikandhi nancep jero pisan ka na kenca Resi Bhisma. Bhisma
kalintang kagetna, socana moncorong tanda amarah; enggal malik ka Srikandhi;
barang bade males ras emut yen anjeunna tos sumpah moal merangan Srikandhi;
sareng moal ngalawan lamun diserang Srikandhi; anjeunna sadar yen waktu
kanggo anjeunna tos tumiba; waktosna Bhisma ngamanah kitu teh ngan ukur
sababaraha detik; tapi kanggo Dananjaya ieu teh lami pisan dipasihan
kasempetanana; waktos Bhisma hareugeueun ( EU wungkul tah Kang Ocha ) tos
murudul panah2 ti Arjuna narancep di na jasmani Bhisma; barang bade males ka
Arjuna; gondewa enggal dipanah dugi ka parotong pisan; teras ditambihan deui
tatuna ku lima panah; Bhisma estu ripuh pisan; ampir teu tiasa nakis2 acan;
atuh panaah2 Arjuna mani ting tarancep di na sakujur badan Bhisma; Bhisma
nyandak tumbak pusaka nu dilempagkeun ka Arjuna; tapi ku Arjuna ditengah
jalan dipanah nepi ka parotongna; teras deui nambihan manahan deui dugi
sakujur badan Bhisma tos pinuh ku panaah. Bhisma nekad luncat ti na kareta
bari mesat pedang muru ka Arjuna; tapi kakara oge ngalengkah panah ti
Permadi tos murudul; akhirna Bhisma rubuh niban lemah; tapi salirana teu
adek kana taneuh ku margi kaatunjang ku ratusan panah anu maranggang ampir
saluar awak. Bhisma ambruk.
Ngadadak hujan kembang; lantaran DEWATA ngahormat ka Bhisma Dewabrata
Pahlawan Agung nu sae lakuna.

Ku rubuhna Maha Senapati Kurawa, Bhisma Dewabrata, sapertos nu jangjian
Perang dilirenan samemeh waktosna; sadaya Pahlawan boh ti Kurawa boh ti
pihak Pandawa sami2 ngariung Resi Bhisma nu tatu parna; sadaya sami sedih;
sareng sadaya pada ngahormat ka ieu Pahlaawan Agung.

HANCA



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke