---------- Forwarded message ----------
From: Sulkan, Muhamad (D&DTooling) <[email protected]>
Date: 2011/4/9
Subject: [kisunda] Turunan Asli
To: [email protected]




Turunan Asli



Dua bulan katukang kuring ngahaja ngalobakeun libur, mungpung keur gawean
loba masih di bagian pang awalna. Ceuk pikir kuring.

Kabeneran ku kitu na mah kuring jeung sadulur-dulur kumpul, tara tisasari
eta dina waktu harita sakabeh kumpul siga nu di kumpulkeun ti lanceuk pang
gedena tur nepi ka adi nu bungsu jeung kulawargana sakabeh kumpul, siga
dipasar the bener pisan eta mah… nu ceurik, nu le’weh, nu ambek-ambek kan
bakating kulieur, wah nu kumaha wae aya eta waktu….pokona mah matak llieur
nu tara biasa mah.



Waktu keur pada balakecrakan meuni kacida nikmatna, sangu liwet di papaes
laukna asin jambal roti di sapukeun kana sambel tarasi dadakan nu diguyur ku
jalantah asin…..lalabna ngan sarupa nyatana ku goring jengkol nu di awuran
uyah jeung pecin….wah edun weh lah…… jadi lapar oge ieu ngadongengna ck
kckckckck …eus Alhamdulillah, eh punten teurabna katuliskeun hehe J.



Keur jongjon adu renyom ku hancaeun, ceuleungkeung the Pun Biang sasauran
…….. “…heueh geuningan …turunan asli uing mah nga si Ikun jeung si Illa
(ngaran alo kuring)…….bari rada serius paroman nu janten sepuh teh.

…. Atuh jempling sawatara waktu mah….tapi teu lila Indungna budak tumaros ka
nu jadi indung kuring, …..Ema naha bet kitu kasauranna…bari ikut semu nu
bingung. Padahal kuring sarua oge bingung..naha bet nyaur kitu nu janten
sepuh the…..teu kungsi lila, Ema kasauran  deui……… bari rada seuri……..heueh
titadi nu katingali ngarawu Jengkol mah ngan tiluan wae…..Uing,  Si ikun tur
si Illa wungkul……...tah jadi bener da turunan asli ieu mah kudu beuki kana
Jengkol…..heuheuy deuh.

Geunjleung atuh sapada harita….. di saurkeun kitu ku sepuh mah…akh dasar si
Ema…aya-aya wae… bari di tungtungan ku seuri  nyalakatak nepi ka haying ka
cai…… he he he sakitu akh heulanan.. dongeng ti sikuring. Ki J



Baktos,

* *

*Sulkan, M*
_
 

Kirim email ke