geus dicirian kang irpan. cek geura aya serelek lain

2011/4/11 Irpan Rispandi <[email protected]>

>
>
> Tah ieu cocok keur PKBS,
> kuring usul, carita ieu asupkeun kana PKBS.
>
> hidup Jengkol he..he..he...
>
>
> On 04/09/2011 02:34 PM, Sulkan, Muhamad (D&DTooling) wrote:
>
>
>
> Turunan Asli
>
>
>
> Dua bulan katukang kuring ngahaja ngalobakeun libur, mungpung keur gawean
> loba masih di bagian pang awalna. Ceuk pikir kuring.
>
> Kabeneran ku kitu na mah kuring jeung sadulur-dulur kumpul, tara tisasari
> eta dina waktu harita sakabeh kumpul siga nu di kumpulkeun ti lanceuk pang
> gedena tur nepi ka adi nu bungsu jeung kulawargana sakabeh kumpul, siga
> dipasar the bener pisan eta mah… nu ceurik, nu le’weh, nu ambek-ambek kan
> bakating kulieur, wah nu kumaha wae aya eta waktu….pokona mah matak llieur
> nu tara biasa mah.
>
>
>
> Waktu keur pada balakecrakan meuni kacida nikmatna, sangu liwet di papaes
> laukna asin jambal roti di sapukeun kana sambel tarasi dadakan nu diguyur ku
> jalantah asin…..lalabna ngan sarupa nyatana ku goring jengkol nu di awuran
> uyah jeung pecin….wah edun weh lah…… jadi lapar oge ieu ngadongengna ck
> kckckckck …eus Alhamdulillah, eh punten teurabna katuliskeun hehe J.
>
>
>
> Keur jongjon adu renyom ku hancaeun, ceuleungkeung the Pun Biang sasauran
> …….. “…heueh geuningan …turunan asli uing mah nga si Ikun jeung si Illa
> (ngaran alo kuring)…….bari rada serius paroman nu janten sepuh teh.
>
> …. Atuh jempling sawatara waktu mah….tapi teu lila Indungna budak tumaros
> ka nu jadi indung kuring, …..Ema naha bet kitu kasauranna…bari ikut semu nu
> bingung. Padahal kuring sarua oge bingung..naha bet nyaur kitu nu janten
> sepuh the…..teu kungsi lila, Ema kasauran  deui……… bari rada seuri……..heueh
> titadi nu katingali ngarawu Jengkol mah ngan tiluan wae…..Uing,  Si ikun tur
> si Illa wungkul……...tah jadi bener da turunan asli ieu mah kudu beuki kana
> Jengkol…..heuheuy deuh.
>
> Geunjleung atuh sapada harita….. di saurkeun kitu ku sepuh mah…akh dasar si
> Ema…aya-aya wae… bari di tungtungan ku seuri  nyalakatak nepi ka haying ka
> cai…… he he he sakitu akh heulanan.. dongeng ti sikuring. Ki J
>
>
>
> Baktos,
>
> * *
>
> *Sulkan, M*
> _
>
>
>  
>

Kirim email ke