Babadog

 

 

14 taun katukang, sikuring ngalalana nyoba nyiar dunya pedah waktu
harita tur nepi ka dangeut kiwari teuacan aya jatah kasab di lembur
sorangan nyatana diBandung tea. Waktu harita kuring bener-bener buta
euweuh kanyaho kana naon kaayaan di eta patempatan.

Teu lila sikuring meunang pagawean di hiji parusahaan teu pati gede tapi
nu bogana bangsa deungeun. Teu lila oge kuring boga batur nu sarua oge
bisa basa sunda, tapi teutep lobanana mah Urang pawetanan.

Hiji wanci kuring diajak ulin ...keur mah kabeneran eta poe ahad,
.....kg hayu urang ulin......ulah ngan saukur di kamar ari poe'an
pere/libur mah, ceuk kg Apud (batur kontrakan kuring, manehna urang
Ciomas-Banten).

Akh kuring mikir bener oge...mungpung pere. Geuwat ganti pakean ulin tur
nuturkeun leumpang kg Apud....satengahing jalan kg Apud umajak ka
kuring......Kg urang Babadog heula yu....gebeg atuh kuring
reuwas.......ti iraha teuing aya babaturan ngajak Babadog..........nya
ku kuring teh di balikkeun...akh kg nu bener weh.........lain sikuring
kumaha-kumaha, ngan sikuring mah moal ngiluan...sok wae akang rek
Babadog mah....kuring masih sanggup neangan gawe mun euweuh....kuring
rek puasa wae...dari pada kudu nuturkeun babadog mah, ceuk kuring bari
rada taki" bisa kumaha-kumaha.

Na ari keur kitu teh.......... Eta budak ngabarakatak nyalakatak meuni
ngeunah nepi ka lumpat ka cai bakating nepi hayang kahampangan.

 

Sikuring ngarandeg, ngemut naon anu matak pikaseurieun
manehna............ teu kungsi lila manehna kaluar ti cai.......
Nerangkeun bari teu eureun" seuserian........ ieuh kang, poho uing mun
akang ti Bandungnya...hampura....... Maksud uing mah ngajak dahar, lain
ngajak ngabadog atawa ngabangsat, ceuk kg Apud bari terus ngeuhkey
nyeungserikeun kuring....

 

Ti dinya sikuring ngarti ...geuning loba keneh basa sunda nu sarua kecap
tapi lain harti nu can ka udag ku sikuring... cagh akh ki sakitu  heula.

 

 

Baktos,
Sulkan, M. 



 

 

Kirim email ke