Kutan sok ngala suluh, Kang Setiadi teh. Ngala pangpung ka pasir. Hehehe. Sami tah pangalaman teh. Taun 70-an, 80-an, suluh teh bahan bakar utama keur kaperluan sapopoe keluarga. Alat masakna mangrupa hawu nu depa dina parako. Ngarah tereh hurung, ditiupan ku songsong solobong awi. Hawu mah alat multiguna, salian keur ngasakan kejo, mun keur usum tiris bisa dipake sideang, isuk-isuk cinutrung hareupeun hawu, bari ngaregot cikopi panas, mun keur usum jagong, bari ngadagoan kejo asak, bisa bipake keur meuleum jagong.
2011/4/12 setiadi_rs <[email protected]> > > > Kang Oman hatur nuhun. Parantos ditoong, horeng anu sapertos kitu geuning > haramay teh. Emut kapungkur nuju alit sok rajeun meungkeut suluh ku kulit > tangkal haramay, panginten atuh sae, liat pisan. Kawitna mah dikinten > haramay teh anu sapertos tangkal danas mung langkung kandel daunna, wartosna > anu sapertos kitu (tangkal danas) oge sae kanggo benang atanapi sarupaning > tali. Duka naon namina. > > > --- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote: > > > > Kang Setiadi, ngeunaan Haramay atawa Ramie, mangga toong di alamat ieu: > > http://su.wikipedia.org/wiki/Haramay > > > > Eta wikipedia basa Sunda jasana jang Kumi. > > > > manar > > > > 2011/4/7 setiadi_rs <setiadi_rs@...> > > > > > > > > > > > > Punten kang, dupi tangkal haramay teh siga kumaha? Aslina ti mana? > Bilih di > > > daerah abdi aya mung benten namina. > > > > > > Setiadi. > > > > > > > > > --- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@> wrote: > > > > > > > > Baraya, > > > > > > > > Warta di koran Kompas poei ieu, 7 April 2011, kaca 17 (rohangan > Ekonomi) > > > > judulna: "Batik Terpukul Bahan Baku". Mataholangna eta warta > netelakeun > > > yen > > > > industri batik urang, jembarna industri tekstil urang, kaancam ku > tambah > > > > susahna (atawa mahalna) meunangkeun bahan baku (kapas, sutera) sabab > eta > > > > bahan baku teh impor. Ancaman sejenna, gondorukem (bahan lilin keur > > > ngabatik > > > > anu asalna tina geutah pinus) oga naek hargana sabab eta barang jadi > > > tambah > > > > sulit nhayakeun alatan Perhutani salaku produsen eta barang leuwih > milih > > > > ngaekspor. Ancaman sejenna: Cina geus ngintip pasar domestik urang ku > > > cara > > > > eta nagara ngaborong katun (bahan batik) ti Amerika jeung lianna. > Cina ka > > > > hareup baris gede-gedean ngabatik pikeun merangan produksi jeung > > > tataniaga > > > > batik urang. Ditambah deui ku pernyataan Menteri Perdagangan anu > negeskeu > > > > yen perdagangan bebas ACFTA teu perlu dibatalkeun. Ceuk nyi Menteri: > > > dampak > > > > negatif akibat ACFTA masih bisa ditanggulangan ku cara nego antara > > > > Pemerintah jeung pelaku usaha. > > > > > > > > Inget kana masalah bahan baku tekstil atawa sandang sok ras inget ka > Ibu > > > > Aminah. Ieu isteri sakaligus ustadzah oge pelaku usaha teh asgar, > pasna > > > mah > > > > ti Wanaraja, Garut. Anjeunna anggota DPRD, gaduh pasantren jeung > > > > binaan-binaan paekonomian masyarakat. Anu leuwih penting ti eta, > tekad > > > jeung > > > > prakna usaha ieu puteran ajengan sohor ti Garut, KH Anwar Musaddad, > salah > > > > saurang pendiri NU, oge anu ngadegkeun yayasan Al Musadaddiyah, > Garut. > > > Ibu > > > > Aminah di Wanaraja tekun jeung daria pisan mekarkeun jeung ngabina > > > > industri bahan sandang anu lain kapas, tapi HARAMAY. > > > > > > > > Emut keneh, 5 taunan ka tukang nalika si kuring ngalongok percontohan > > > > industri bahan sandang tina haramay di lembur Ibu Aminah di Wanaraja. > ibu > > > > Aminah satengah ngaramal anu ayeuna ramalanana mimiti kabuktian. > Ramalan > > > ibu > > > > Aminah ieu oge sarimbag jeung perkiraan sepuh anu ti Panaruban. Yen, > hiji > > > > mangsa Indonesia bakal kasulitan ku bahan sandang (nyatana benang) ku > > > sabab > > > > salila ieu benang di urang asalna tina kapas, sedeng ari kapas eta > henteu > > > > cocok dipelak di taneuh urang (Indonesia) umumna. Saur Ibu Aminah > harita > > > kl > > > > kieu: "Indonesia kuduna geus tatan-tatah konversi bahan baku sandang > tina > > > > kapas kana haramay, sabab, haramay ngabogaan kapinujulan dibanding > kapas. > > > > Anu pang-pangna, kusabab haramay leuwih cocok dipelak di taneuh > urang". > > > Kitu > > > > kurang leuwih kasauran anjeunna harita. > > > > > > > > Saterusna, Ibu Aminah maea kuring jeung rombongan jalan-jalan > ningalian > > > > proses nyieun benang tina haramay katut ka produk akhirna (raksukan > anu > > > geus > > > > kari make anu bahan benangna tina haramay). Di kompleks pengembangan > > > usaha > > > > anjeunna di Wanaraja, kumplit pisan ti mimiti kebon haramay, mesin > paragi > > > > ngolah haramay ti mimiti motong, nepi ka jadi benang, tur mesin > > > > pemintalan/tenun. Anjeunna harita nyaur kl kieu:"Anu masih jadi > masalah > > > teh > > > > eta mesin-mesin keur nyieun benang tina haramay masih mesin-mesin anu > > > spec > > > > bahan bakuna kapas. Jadi wae bahan pibenangeun anu tadina paranjang > > > > (sakumaha tangkal haramay) anu bisa sapanjang hiji baju, ku mesin > spec > > > kapas > > > > ieu jadina kudu diteukteukan, padahal engke disambung-sambung deui. > Jadi > > > > loba gawe anu muter-muter", saurna. Bari nutup obrolan di rohangan > > > > pemintalan benang, anjeunna ngaharepkeun aya ahli mesin bangsa urang > anu > > > > bisa ngarancang mesin pemintalan benang khusus pikeun bahan baku > haramay. > > > > > > > > Usaha Ibu Aminah sabenerna kungsi dideugdeug ku Presiden SBY nalika > ibu > > > > Aminah pameran di Bandung. Pon kitu keneh, gubernur Jabar mustahil > lamun > > > > henteu terang kana ieu kagiatan ibu Aminah. Nyawang ayeuna jeung > kahareup > > > > urang bakal werit ku urusan tekstil ieu, aya hadena naon rupa anu tos > > > prak > > > > dilakonan ku Ibu Aminah teh ditiron terus dibudayakeun jadi hiji > > > teknologi > > > > mandiri bangsa urang dina urusan sandang. Masaalah permesinan dicoba > > > > diungkulan, piraku euweuh nu nu bisa?. Sugan wae kahontal hiji budaya > anu > > > > bisa bertahan tina masalah bahan baku tekstil dunia, industri tekstil > > > daerah > > > > (heula, Jabar, upanana) jeung nasional anu bahan bakuna henteu > gumantung > > > ka > > > > nagara sejen. > > > > > > > > Aya anu katantang ku haramay? mangga tepangan wae Ibu Aminah di > Wanaraja > > > > (sugan aya keneh dikieuna eta usaha anjeuna teh). Sugan jadi ketak ti > > > Jabar > > > > tea. > > > > > > > > manar > > > > > > > >
