NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG KASAATAN

Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten. Papakéanana geus
butut sarta laip, disampingna ogé ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui
dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah
datang ka pot pisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur
nginum cai wungkul.  Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu
laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.  Jadi kahirupanana taya
deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari
beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana.

<http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/poor-granny-2.jpg>Poor
Granny

Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna,
kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan anu
daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak
incu, éstuning nunggul pinang.

Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka Gusti
Allah, ulah bon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu
apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu
midamel.

Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih
dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré. Ti dinya
manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka
teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.

Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal,
bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur
tamba ulah langlayeuseun teuing.  Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal
kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui
nyandingkeun walungan gedé.

<http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/ikan-gabus.jpg>Lauk deleg

Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang,
rék pindah ti walungan ka talaga.  Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta
tegal deleg teh kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi
deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa
maju leumpangna.  Kusabab kitu éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé
manggih bilahi paéh kasaatan.

Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung
meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna héran
neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui
leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun
ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda hujan!  Samiun Allah kuring neda
hujan!”  Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.

<http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/burung-ikan1.jpg>

Ari ku nini-nini  saomong-omongna éta deleg téh didengekweun wae, hayang
nyaho kumaha kajadianana.  Barang geus kira-kira satengah jam lilana, datang
hujan gedé naker mani cileungcangan. Ti dinya éta deleg barisaeun deui
leumpang, tuluy kebat lumakuna. Ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna
tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.

<http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/nini-nini-jalan-2.jpg>

Kacaritakeun éta nini-nini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari
ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Allah
téh, meureun dipaparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan
bédana aing  mah rék neda uwang.

Ti dinya éta nini-nini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan
ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Allah kuring neda
uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung
pikirna anték kacida panedana ka gusti Allah, datang ka geus teu aya pikiran
deui ka nu séjén.

Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana,
ku sabab gandéng jeung bosen, unggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna
éta nini-nini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka
nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui
kasab, moal enya Allah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh. Jeung kitu
baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung, meureun aya hasilna.
Jeung deui, lamun manéh henteu beunang dicarék, geura undur baé imah manéh
ulah ditangkodkeun ka imah aing.”

Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong
nyuhunkeun duit ka Allah anggur beuki tambah maksudna.

Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh beuki kacida
garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti
dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling datang
ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambeh beurat. Niatna rék dipaké
ngabobodo ka nini-nini téa, sina dinyanaan duit paparin Allah ragrag ti
luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna ku éta karung ambeh kapok
moal ngomong kitu-kitu deui.

Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para,
tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana
tonggongna. Nini-nini téh kalenger tina bawaning nyeri. Ana geus inget,
nénjo aya karung ngadungkuk teh kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung
duit, paparin ti Allah.

Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu
banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo,
karana nu dikarungan téh tétéla pisan yén beling.

Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun
Allah! Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur Ajengan,
aya kénéh nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung,
dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya uwang emas, aya uwang pérak, jeung
deui kumaha gedéna baé, aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.

<http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/coins.jpg>

Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadeugdeug, yén éta nini-nini meunang
bagja boga duit pirang-pirang. Malah Kapala Distrik ge sumping ka dinya
ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara, jeung ditétélakeun asal
purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di
kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun
imah, katut eusina.

Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten. Kitu deui
dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah alus budina,
kalulutan ku jalma réa jeung loba  sobatna, tina suka tutulung ka
jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun ka
dirina basa keur malarat kénéh.

Kacaritakeun éta jalma anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu
éta nini-nini téa jadi beunghar lantaran dibobodo karung beling ku manéhna.
Geus kitu boga niat hayang nurutan.

Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini
téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta
duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan,
kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun anjeun ngomong baé nyuhunkeun duit
ka Allah, tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit kabéh.  Ku
prakara éta ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku
karung beling, karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi
kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeh kaula leuwih
beunghar manan nini.”

Wangsul nini téh, “Hadé, heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.

Ti dinya éta jalma téh tuluy balik. Sadatang ka imahna heug baé tapakur
nurutan sakumaha polahna nini-nini téa, sarta ngomong, pokna, “Samiun Allah
kuring neda uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!”  Kitu baé omongna, jeung
pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit ti Allah dua karung
goni parinuh.

<http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/karung-psir.jpg>Kakurung
ku karung

Barang geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu
keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang mékprékan, sarta tuluy
dibawa naék ka para, ti dinya heug éta dua karunganana ditindihkeun kana
tonggongna si jelema.

Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan, malah-malah tulang tonggongna datang
kapotong. Arina inget geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung
téh dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan
cara omong nini-nini téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha maparin duit
réa-réa teuing, mana ari keur Ajengan? Aya deui?”

Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu
daékeun jadi duit. Ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék
ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka Gusti
Allah, pokna, “Ih naha Allah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit
sawaréh! Ari kaula henteu! Jeung deui kumaha naha atawa Allah téh geus
diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Allah
nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?

<http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/kepala-pasir.jpg>

Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba
kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa cageur ogé, tatapi
tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan
rosa-rosa. Lawas-lawas manéhna jadi malarat cara nininini téa, kawas-kawas
jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa. ***

*Nyutat ti Majalah Walanda,  TIJDSCHRIFT voor INDISCHE  TAAL, LAND EN
VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872.  Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A.
UILKENS, mangrupa  carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina blog ”Kumpulan
Carita jeung Dongeng”]*

*
http://tatangmanguny.wordpress.com/dongeng-sunda/nini-nini-malarat-jeung-deleg-kasaatan/
*

Kirim email ke