Coba ngulampreng ka koleksi Kang Engkos Warnika. Kang Engkos pangsiunan
SMKI, tos ngawurkeun rupa-rupa pintonan kasenia Sunda dina wangun video, boh
di Youtube oge di FB. Aya ratusan asana koleksina teh:

1. http://id-id.facebook.com/people/Engkos-Warnika/1836039856
2. http://www.youtube.com/user/Koswarnika

Bisa dikotektak oge di koleksina Kang Wawan (Frédéric Goldenberg, urang
Perancis). Aya ratusan lirik lagu Sunda, oge multimedia.

1. http://datasunda.org/

Oge toong blogna Mr Henk, urang Walanda, aya rewuna koleksi lagu Sunda oge
Indonesia jadul.

1. http://madrotter.blogspot.com/

Wilujeng lalayaran!
-mh-

2011/4/24 Hafy <[email protected]>

>
>
> assalamu'alaikum wargi sadaya
>
> nepangkeun abdi hafy ti Bandung
>
> abdi gaduh patarosan:
> aya nu terang lagu sunda nu aya hubunganna sareng alam sunda atanapi
> lingkungan? upami aya mah laguna kacapi suling.
>
> abdi peryogi waleranna kumargi ekstrakulikuler abdi di kampus bade
> ngayakeun pagelaran seni mung rada bingung ku lagu kacapi anu cocok sareng
> temana
>
> hatur nuhun sateuacanna
>
> wassalamualaikum
>
>

Kirim email ke