disuntrungkeun - disurungkeun - disorong - sidorong - digebruskeun beda deui hartina tapi kalan2 lamun disuntrungkeunana sisi balong, bakal tigebrus tigujubar disuntrungkeun mah bisa jadi tameuhna datar. Tapi ari digebruskwun mah pasti aya bagen taneuh nu leuwih handap. disurungkeun mah ngan ukur tanaga saeutik, masing bisa oge jadi tijongjolong. Tapi ari disebut disuntrungkeun mah kudu we labuhna.
Si Waru nyurungkeun si Dadap pas na tonggongna pisan; akhirna si Dadap ti jongjolong pisan; nepi ka labuh. Cek si Dadap:"Aeh siah Waru nanaonan maneh nyuntrungkeun aing siah !?" Walon si Waru:"Hehehee, maap euy teu ihaja, maksud teh rek nyurungkeun maneh saeutik; kantaran maneh ngahalangan jalan; tapi tarik teuing." Dadap:"Maap maap; kumaha yeuh baju kalotor; jeung rada nyeri oge." Waru:"Heueuh maap, kudu kumaha deui atuh ?" hehehehe, ieu mah nambahan we atuh. Duka ari gunana mah. Wallohualam tea meureun.
