Kacaturkeun perang poe ka-12na; isuk keneh pisan pasukan Kurawa tos maraju ka 
Medan; teras Susarma sadulur dulur sareng sakumna Pasukan ti Trigarta misah ti 
nu sejen; jauh ka Palagan pangkidulna; der wae rame tarompet panangtang jeung 
tambur tanda ngajak tarung disadakeun ; pasukanana pating corowok :" Arjuna ! 
Lamun anjeun lalaki sok lawan ieu Pasukan Trigarta; Kaula sakumna moal rek 
mundur ti kalangan jurit samemeh meuncit andika; atawa sakabeh pasukan Trigarta 
carem. Mun henteu Kula sarerea siap meunang bebendon ti Dewa Agni !

Arjuna nu tos siap di na karetana, enggal wae ngajeleterkeun gondewana nu 
hartosna narima eta panangtang; saterasna Arjuna miwarang kusirna ( Kresna ) 
supados nujukeun karetana ka beulah kidul; tempat Susarma jeung pasukanana 
nagtang ka Arjuna.

Barang Arjuna mangkat ti konsentrasi Pasukan Pandawa nuju ka kidul, bari teu 
mawa pasukan sama sakali; teras wae Drona marentah sakabeh pasukanana ngepung 
ka Paukan Pandawa; nu dituju empatna Yudhistira.

Ku pinter2na Resi Drona; mung sakedet netra Anjeunna tos papayun payun sareng 
Yudhistira; tapi barang Drona bade nyerang ka Yudhistira; sakedet ditempat eta 
tos Rajol pahlawan2 Pandawa; nya eta Bhimasena, Satyaki, Dristadjuma, Abimanyu, 
Gatotkacha, Utamauyas, Yudamanyu sareng seueur deui. Drona diraponan; tapi 
Drona memang sakti PUNJULINGapapak, manusa utama tandangna Dewa; teu gimir 
teras ngayakeun perlawanan bari ngangseg ka tempat Yudhistira; malah nu ngepung 
katingal raripuheun pisan.

Katingal ti katebihan ku Karna; enggal Karna nyarios ka Suyudhana supados 
ngirim pasukan kanggo ngabantu Drona.

Ari Arjuna di beulah kidul siga pisan patani nu keur nyacar jukut; dibabadan 
teu mangga pulia; tapi eta para prajurit Trigarta siga nu taya kasieun maju 
terus.

HANCA

Kirim email ke