Wah seueur teuing lepat ktik; errata ah. Tuda rada poek huruf na keyboard teu patos katingal jadina. Maklum panon kolot.
--- On Mon, 5/9/11, Abbas Amin <[email protected]> wrote: From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: Bharata Yudha ka-27na To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Cc: "Nurkadi" <[email protected]>, "Ii Sumirat" <[email protected]>, "Sam Soemadipradja" <[email protected]>, "Aldo Desatura ™" <[email protected]> Date: Monday, May 9, 2011, 5:20 AM Duryodhana mimpin pasukan Gajah; dimana ratusan gajah na garalak pating haroeng, matak geumpeur ka sasaha;ieu pasukan teh enggalna megatan kareta Bhima nu bade nuju katempat Yudhistira; barang ningali Suyudhana haok wae Bhima sumbar2:"Eh kunyuk suyudhna ! Ti kamari aing neangan andika ! Tapi maneh nyumput wae ayeuna aing bakal ngabinasa andika !" Suyudhana nambalang mani handaruan:"Eh Bhima! Si tukang NYATU jeung lelebok ! Reungeukeun ku andika, poe ieu Kaula bakal males pati pikeun adi2 Kaula jeung Pahlawan nu dibinasa ku Andika. Poe ieu sampean bakal ajur dileyek gajah!" Bri silh corowok kitu dua pihak oge bari ngerahkeun pasukan pikeun silih tumpes ! Itu ieu taya kagimir; estu warani. Bari ngababadan gajah ku gadana nu ageung pisan Bhima nyorowok:"Heh Manusa laknar ! deuleu yeuh gajah2 ku aing bakal diperenan ! Engke siana sorangan ku aing bakal diiles2 gada Kaula !" Suyudhana bari manahan ka Bhima teras gumujeng mani ngagakga:" Hahhaaha ! Bhima maneh geus deukut ka kojor, masih leukeun bisa ngancam sagala!? Hahahahaha ! Ayeuna, poe ieu poe panutup sampean Bhima !" Bhima bari nakis rabulna panah Suyudhana ku gadana, narah kawon di na debat, teras nyorowok deui:"Panah maneh jeung gajah maneh mo bisa maehan Kaula ! Saksikeun sakeudeung deui maneh bakal niban bumi ! Bakal dileyekan ku Kaula !" Eta nu pacental cental bari teras perang ragot, nambihan ramena ieu Perang Bharata Yudha; lami2 gajah teh loba nu sarieuneun teu wani deui nyaketan ka Bhima, ku margi dipaksa ku pawang2na laju ngaramuk; paburisat nincakan para prajurit Kurawa sareng kuda kreta; atuh kacida reuwasna Suyudhana sareng Pasukanana; lantaran gajah2na tos teu tiasa nurut deui. Malah malah malik ngamik ka pawangna ! Atuh ayeuna mah Suyudhana aya di na kaayaan digempur, kadesek ku Bhima sareng pasukanana. Bhagadatta kagungan gajah sakti Supraptika, saparantos ngamundurkeun Gatotkacha, ningali Suyudhana kadesek, sareng ningal gajah2 ngaramuk teras wae Supraptika dititah nyerbu kadinya. HANCA
